Sinom.
1. Pangeran Purnama Alam, sarěng Sang Putri Pramanik, tětěp di karang kaputran, sarta kalangkung diasih, ku Ratu djeung Meswari, ari siang di kadatun, sagala padamělan, udjug-udjug djol kapudji, ku Meswari sabab radjin ti tadina.
2. Njieun kueh djeung pasakan, aralus sarta běrěsih, pantěs keur tuangeun: radja, atuh djadi gujűr deui, nu mudji ka Sang Dewi, djadi katjapangan saur, sanagara Riskomar, mustika sasmita ati, tjeuk awewe pigustieun di Riskomar.
3. Ear sanagri Riskomar, djalma-djalma balawiri, hajang nongton putri-putra, nir,djadi mustika nagri, nu deukeut nu tarěbih, tjararunduk urang kampung, daratang ti padesan, nongton nu kasep nu geulis, sarta pada njarěbut tjahaja dunja.
4. Pandjang lamun ditjarita, Sang Pinutra djeung Sarig Dewi, geus bumětah di Riskomar, djatnika tur sugih mukti, wantu putra Narpati, ani diěnod diugung, gantjang nu ditjarita, tunda di Riskomar nagri, katjaturkeun di dajeuh nagri Ambarak.
5. Nagri gěde sarta djěmbar, tur rame djeung sugih mukti, ari nu djadi ratuna, gagah sakti pilih tanding, ratu sedjen nagari, loba nu sudjud taraluk, sarieun ku gagahna, kawuwuh ku dugal běngis, asup basa sakětjap kadua gobang.
6. Lamun něrapkeun hukuman, tara buang tara bui, wungkul hukuman paehan, sumawon ka abdi-abdi, nadjan ka pradipati, salah saeutik digantung, eta kitu adatna, taja timbang taja adil, kakasihna Parabu Putiasukma.
7. Djeung lain wungkul ratuna,-anu djadi murka galih, patihna ge ganti adat, Arja Kumba Aringäring, papatih eta nagri, nja kitu lir adat Ratu, gangasna djeung dugalna, sakti manggulang-mangguling, geus kawěntar ka saban nagara lian.
8. Djeung eta Ratu Ambarak, keur gagah digdjaja sakti, katambah kagungan sobat, leuwih dalit djadi hidji, sarěng hidji Narpati, Ratu di bumi pingpitu, nagri Tolongtělěngan, ratu djin nu leuwih sakti, saban minggu sumping ka nagri Ambarak.
9. Tjaturkeun eta Sri Nata, kagungan putra sahidji, istri putri ti meswara, djěněngan Siti Kaswati, nudju gumantěr galih, juswa limabělas