Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

49

ku kakang Si Njai Siti Kaswati, aringgis nombro gěring, baluas umurna lampus, ari kakang rek maksa, ka Purnama sina kawin, kadongdora minantu beunang mirusa.

20. Teu lami Aria Patya, njěmbah ngawangsul ka Gusti, mung raos abdi Gusti mah, manawi rěmpaging galih, tinimbang putra Gusti, Gan Siti Kaswati ngangluh, bok bilih tětěrasan, sae Purnama pamugi, tjandak bae ti Riskomar kangge tumbal.

21. Margi taja sanes pisan, měnggah raos abdi Gusti, raka Djěng Ratu Riskomar, tempo deui tempo deui, amung ku sapěrkawis, sěmi-sěmi hanteu rudjuk, atanapi Purnama, anu sia purun ati, tina margi emutan mohal katjida.

22. Raka Djěng Ratu Riskomar, tempo sěring-sěring teuing, wuwuh nu djadi wagělan, teu matak djadi mateni; atawa pěrlu leuwih, ukur guguru ka wiku, padamělan Kekah bari pělěsir ge kenging, nu dianggo wagčlan tjara nu ěnja,

23. Tina ku margina eta, upami rěmpag, Djěng Gusti, putra Sang Purnama Alam, ajeuna ku abdi Gusti, sědja bade dipaling, margi emutan nu estu, saupami čngkena, geus kenging Purnama mugi, kědah pisan ku kěrsa Gusti pariksa.

24. Sukana hanteu sukana, Purnama ka putra Gusti, kana enggal-enggal nikah, upami wangsulna nampik, teu purun nikah gasik, tempo sakumaha alur, ku kěrsa Gusti muga, Purnama Wan ia tina margi ngewuhkeun sapapaosna.

25. Amung upami Purnama, tumut ka pangěrsa aki tuměras tikahkeun enggal, tong bade dilami-lami, hawatos abdi Gusti, ningal sarěng langkung paur, bok bilih tětěrasan, baluas Agan Kaswati, lami-lami těrkadang teu damang pajah.

26. Sri Maha Ratu ngandika, ka eta Aria Patih, ari mungguhing kakang mah, nja kumaha karěp Patih, Purnama rek dipaling, kakang mah ngan sambung rudjuk, sartana ngaduduʻa,salariět sartana hasil, ngan iraha pimaksudeun Patih iang.

27. Raden Patih ngawangsulan, manawi idin Djěng Gusti, abdi Gusti pamaksadan, pimioseun dintěn endjing, Ratu ngalahir deui, poe isuk oge rěmpug, diduakeun sing beunang, Purnama Alam kadjingdjing, sarta muga rahaju nandang waluja.

28. Saparantos ditimbalan, teu lami Aria Patih, ka Ratu těras pamitan, gantjangna anu digurit, Patih geus nampi idin, njěmbah Wangsul ti kadatun, těras ka kapatihan, katjaturkeun ěnggeus sumping, Arja Patih ka paseban kapatihan.

Purnama Alam I — 4