50
29. Pertata daměl biasa, ngěrtakeun eusi nagari, gantjangna nu ditjarita, katjatur isukna deui, Raden Aria Patih, gugah kira pukul tudjuh, djeung tĕras dangdan-dangdan, nganggo njikěp bapa maling, wantu-wantu watěk sakti gagah rosa.
30. Jasa ngambah ngawang-ngawang, lir tědak Suaia iblis, kotjapkeun saparantosna, dangdosan langkung utami, ladjêng lungsur ti bumi, ngaděg di buruan pajun, taja djalma nu ningal, ka Raden Aria Patih, děděl bumi biur ngambah djumantara.
31. Lir kilat bawaning gantjang, Patih Kumba Aringäring, ngapak kana mega-malang, lalampahan tudjuh peuting, ti Ambarak nagari, ku nu leumpang mun diitung, ka nagara Riskomar, ari ku Aria Patih, hanteu leuwih tudjuh djam lat di djalanna.
32. Geus ngungkulan ka Riskomar, Patih Kumba Asing aring, aja dina megabodas, ngaranděg bari ngalahir, dina lěběting galih, gagal aing lamun těrus, ajeuna ka kaputran, tangtu aja anu manggih, tina sabab tjaang kawantu ti beurang.
33. Djeung kadua pěrkarana, sanadjan aing ngaleungit, mapatkeun nja halimunan, kumaha lamun kapanggih, ku djalma nu mangarti, luhung pangadjen paněmu, waspada paningalna, aing lain sabab gimir, ngan tinangtu nandang wirang kajahoan.
34. Ah aing moal ajeuna, ěngke bae peuting-peuting, nja asup ka djěro kota, malar taja anu njaring, ngan ajeuna mah aing, di dieu heula ngalantung, ngangin di mega-malang, bari ngadagoan puri, moal kěsěl ukur antara lima djam.
Pangkur
1. Gantjangna ieu tjarita, tunda heula Ki Kumba Aringäring, Purnama Alam katjatur, sarěng Dewi Kania, di kaputran duaan keur guněm tjatur, djeung dina waktu harita, geus pukul dalapan peuting.
2. Purnama Alam ngandika, ngkang naha wet tara ti sasari, nandang teu nangan lalěsu, djeung hate sisiakan, palangsiang balukar kana kabingung, njorang raga pantjabaja nindih balahining diri.
3. Ngawangsul Dewi Kania, ěh gamparan abdi ge sami², nandang teu nangan lalěsu, samalah ti mangkukna, amung abdi ka gamparan teu miundjuk, bok bilih djadi karěntag, manah gamparan, sajakti.
4. Purnama Alam ngandika, rasa ěngkang pasti moal sak deui, kana