Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

58

kami anu estu, ngabokong lampah tjurang, kawas lain tědak nu djadi pangagung, nulad bibit, duruwiksa, njangking titi banaspati.

24. Maksa ka djalma teu suka, direremo ka anak maneh putri, awewe pangaděg kitu, lukak kaja galadag, kitu deui nadjan kami anu estu, ku maneh arek dipaksa, dikawinkeun ka Kaswati.

25. Anggur kami mitjeun njawa, utjul diri někanan baja pati, adjur lêbur djadi lêbu, tinimbang kana beunang, dikawinkeun ka awewe rupa kitu, adat kaja duruwiksa, kami hanteu sudi teuing.

26. Sri Maha Putiasukma, sarêng Patih Ki Kumba Aringäring, kagetna kaliwat langkung, jen ningal ka Sang Putra, sadjongdjongan hookeun teu jasa njaur, ngan wungkul patingal-tingal, sarêng Raden Arja Patih.

27. Pangeran Purnama Alam, têras bae bawaning langkung pusing, newak panangan Sang Ratu, sarta ngulungkeun tangan, ngan tangginas Arja Patih Kumba muru, njěkěl ka Purnama Alam, djeung diděngkek langkung tarik.

28. Dirědjěngan ku sadaja, para an nu djaga pantjaniti, Purnama Alam dihurup, pada mararuntangan, pananganna sawareh sampean rambut, pinutra teu jasa obah, njuuh pajuneun Djěng Gusti.

29. Tapi teu wěleh sasambat, eh Sukmadji geus iklas diri kami, geura tigas masing lampus, montong dilila-lila, bisi kami kaburu deui patěpung, reudjeung anak maneh tea, si, Kaswati banaspati.

30. Sri Maha Putiasukma, langkung gugup njěntak ka Raden Patih, hajoh geuwat-geuwat ringkus, sing pageuh bisi lepas, sarta kudu dina kamar gělap tutup, gantjang. ku Aria Patya, Pinutra dirante beusi.

31. Digotong ku sadajana, Sang Pinutra ku sadaja. pramantri, ti pajun gědong kadatun, ka djěro pangbuian, hanteu lila Pinutra těrus ditutup, dina djěro kamar gělap, nu nuguran para mantri.

32. Sri Maha Ratu Ambarak, pok ngandika ka Raden Arja Patih, gogoděg ngusap-harigu, lah meh bae tjilaka, si Purnama datang ka wanieun kitu, tjonggah kana ngabinasa, ka anu djadi Narpati.

33. Dipaling soteh manehna, lain pisan rek niat nganjěnjěri, estu rek dipulung mantu, gadangan djadi Radja, di Amabark dipusti diugung- ugung, bêt ahir tjara babasan, nu asih dipulang sěngit.

34. Tatapina ajeuna ntah, Ki Purnama misti ku Arja Patih, dina djěro bui tutup, ulah meunang kaluar, itung-itung disiksa djalan teu nurut, suganna datang pikiran, sabar sadrah sěrah diri.

35. Sarta ulah kěndat-kěndat, dina bui tuguran beurang-peuting, ku para wadya soldadu, bisi Purnama Alam, ngěntjar tega kana geusan mitjeun umur, bukti dina sasambatna, rupa teu samar teu gimir.