Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Kangdjěng Gusti Sri Narpati, saparantos ngadawuhan, těras didjalankeun bae, ku Aria Patih Kumba, sakumaha timbalan, jen para wadya soldadu, nuguran di pangbuian.

2. Kěrsana Sang Sri Narpati, ka Sang Pangeran Purnama, nadjan saumurna oge, bět moal sina kaluar, lamun hanteu sumadrah, tumut sumudjud satuhu, kana pangěrsa andjeunna.

3. Gantjangna anu digurit, sabada Ratu nimbalam, djeung masih gěmpungan keneh, sugri anu ngadeuheusan, hanteu lami djol dongkap, mantri ka pajuneun Ratu, sarta runghap-renghap reuwas.

4. Mariksa Maha Narpati, ka Ki Mantri Tjakrabaja, maneh rek piundjuk naon, djeung sěmu manggih kareuwas, Mantri njěmbah undjukan, sumuhun dawuh Sang Ulun, supados djadi uninga.

5. Pěrkawis Sang Adjěng Putri, njorang kana pantjabaja, di gědong karang, kaputren, dirěsak ku Sang Purnama, ditibanan panangan, ajeuna teu emut-emut, lungse teu daja-upaja.

6. Duka Gusti naon margi, Purnama Alam nanganan, ka putri Gusti sajaktos, kalajan saparantosna, Purnama Alam ngědjat, teu kabudjěng ku nu tugur ditangkěpna Sang Purnama.

7. Kangdjeng Gusti Sri Narpati, ngadangu mantri undjukan. Putri njorang baja, gěde, kalintang bae kagetna, dumugi kapoekan, lungsur lumpat ti kadatun, sarěng Sang Parameswara.

8. Patih mantri lumpat ngiring, bade ngalajad nu bahja, těras ka kaputren bae, barang geus sumping pěrtela, katingali ku Radja, sidik putri nandang ngangluh, dipangkon ku ěmban-ěmban,

9. Hanteu pisan eling-eling, ngadjěhdjěr tjara nu wapat, ngalehleh digulang gaper, ngan ukur bae napasan, Radja sarěng Meswara, ngarangkul ka nu teu emut, djeung bari nangis sasambat.

10. Deudeuh teuing anak aing, Kaswati bět njorang bahja, si Purnama tajoh gelo, bět wani-wani ngaruksak, ka nu ka ah arek mituhu sumudjud, manutan dunja aherat.

11. Duh aduh Njai nu geulis, kawas lain těrah ama, meunang tjotjobaning goreng, tjing Njai geura kemutan, ieu ibu djeung ama, ulah dirubung ku bingung, digunturan kasukêran.

12. Bisi ama nindih pati, balangsak ruksak raraga, djalan leber dju-