Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64

gĕntos ngarangkulan, ka anu kakara eling, putri Siti Kaswati, dipangkon dipunggu-punggu, nja kitu sadajana, bangsa pragarwa prijaji, bari njĕbat dunungan aing geus damang.

20. Hulu balang tingkalajang, mantri-mantri tingrarigig, satĕngah djeung kapohoan, leungit pěrtiti pamilih, bawaning bingah galih, sami pada turun kaul, Siti Kaswati waras, pranjai sami menjanji, ĕmban-ĕmban tinghaleuang tĕtĕmbangan.

21. Gantjangna ieu tjarita, hanteu lami Sri Narpati, nimbalan ka Prameswara, Kudu pindahkeun ka puri, eta Siti Kaswati, Meswari ladjěng ngawangsul, njumanggakeun ka raka, sarta harita teu lami, tĕras ngalih ka puri ti kaputrian.

22. Diiring ku sadajana, para paměgět praistri, gurilap padjěng gilapna, geus sumping ka pantjaniti, putri Siti Kaswati, tĕtĕp lĕnggah di kadatun, sarta mangsa harita, ngan kantun ririwit galih, njěri peurih ku Radjaputra Purnama.

23. Tapi teu wĕleh nĕnĕda, Sang Putri Siti Kaswati, muga aja sih Dewata, nitis tulis bagdja diri, ka nu kasep gumĕling, Pangeran Pinutra Sunu, malah Putri basana, tinimbang djeung hanteu milik, kadjeun wapat dina sadjěro napaan.

24. Nadjan dongkap ka kiamat, moal wěleh mudjasmedi, bawaning hojong laksana, ramana nja kitu deui, tina bawaning watir, ka Putri anu keur ngangluh, sarta nguwung běnduna, taja kěndatna samĕnit, ĕnja eta ka Sang Pangeran Pinutra.

25. Sarta teu lami Sri Nata, ngalahir ka Arja Patih, wantu masih běrhimpunan, eh jaji Aria Patih, kakang teh leuwih-leuwih, nja nandangan napsu nguwung, ka si Purnama Alam, estu abong-abong teuing, deungeun-deungeun nganjěnjěri ngawiwirang.

26. Teu beunang dipibaraja, nampik hanteu djeung pamilih, milampah kaja nu owah, ngaruksak ka Nji Kaswati, meh-mehan bae mati, lamun teu dirubung-rubung, ku duʻa djeung panumbal, tatapina ati-ati, maksud kakang moal arek kumapalang.

27. Sabab si Purnama Alam, tinangtu moal sak deui, pangna wani kitu lampah, wudjuk bapana pinasti, tina sabab mustahil, si Purnama teu ngagugu, mun dipapatahan mah, kudu purun ka Kaswati, da ku mohal anak teu nurut ka bapa.

28. Ku sabab eta ajeuna, kahajang kakang nu jakin, bapana montong kapalang, nja urang bandang sakali, basmi nagrina lindih, poe isuk Patih kudu, ngondang para dipatya, bawahan urang pribadi, urang bawa ngabědah nagri Riskomar.