Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

65

29. Teu lami Aria Kumba, ngawangsulan ka Sang Adji, abdi Gusti tumut pisan, kana sadaja panglahir, kalajan abdi Gusti, lintang rebu-rebu nuhun, Gusti aja kĕrĕsa, nĕmpuh Riskomar nagari, manawina kabandang djadi pangkonan.

30. Kalajan ku kalamian, mĕnggah diri abdi Gusti, hĕnteu měndak pĕpĕrangan, lĕlĕson tandingan djurit, ku kĕsĕl abdi Gusti, tutur tarung saban waktu, tuman pĕrang galungan, ajeuna parantos lami, titingkueun lir hajam ditjalongtjongan.

31. Ngalahir deui Sri Nata, ka Raden Aria Patih, bĕnĕr pisan Arja Patya, kakang ge nja kitu deui, ngan ajeuna mah gasik, ngondangan ka para ratu, pilihan nu utama, nu sok unggul dina djurit, djeung nu sikĕp dina tandang danalaga.

Dangdanggula

l. Saparantos Sang Ratu wawarti, Arja Patih djeung mantri sadaja, sami wangsul ti karaton, gantjangna nu ditjatur, tunda Ratu Ambarak nagri, nu keur ngantos ondangan, pikeun pěrang pupuh, malikan deui tjarita, di Riskomar waktu wěngian dipaling, Sang Pangeran Purnama.

2. Putri Rĕsi langkung kaget galih, salungsurna Sang Radja Pinutra, manah Putri tingseredet, djeung bajeungjang kalangkung, sasauran lĕbĕting galih, ieu kawas alamat, kana geusan ewuh, nadah raga pantja baja, reudjeung naha raka Pangeran bĕt lami, tatjan sumping ti djamban.

3. Di Diitungna bĕt tilu djam leuwih, na ka mana tumĕras djĕngkarna, ngalolos hanteu njarios, manahna Putri kitu, sarta ladjĕng lungsur ti bumi, kěrsana Sang Kania, njusul Putra Sunu, kana djamban tĕmpat siram, tatapina salirana Putri Rĕsi, rasa pupuringkakan.

4. Tapi maksa kaluar ti bumi, sarta tuluj angkatna ka djamban, njalira teu njandak gandek, barang sumping kalangkung, nandang heran Putri Pramanik, wireh Pangeran Putra, di djambanna suwung, ngan aja sabun andukna, sarta sidik hanteu aja pisan tjiri, tapakna urut siram.

5. Putri njaur salĕbĕting galih, aeh-aeh ka mana tĕrasna, umangkat hanteu njarios, tapi Putri teu gĕruh, marukanna tĕras pělĕsir, atawa ka pamĕngkang, Sang Pangeran Sunu, teu lami Dewi Kania, mulih deui ti djamban lĕbĕt ka bumi, ngan manah nu tjangtjaja.

6. Linggih deui dina pramedani, hanteu kulĕm ngantosan Pinutra, sugan sumping tereh-tereh, teu lami bĕdug subuh, Radjaputra masih

Purnama Alam 1 — 5