Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

68

djaan, ngan ukur lungsena bae, teu keuna linglung kalbu, hanteu lami njaur ka Patih, ajeuna geus pěrtela, di nagara suwung, tjoba-tjoba ku Ki Arja, rahrah bae ka gunung těgalan pasir, ku sakabeh wadia.

26. Bisi bae kairid ku djurig, atawana diruksak ku matjan, atawa dirawu kelong, kěrid sanagri kudu, sakur-sakur djalma lalaki, sina narareangan, asruk těgal gunung, teu lami Raden Aria, ladjěng njěmbah njumanggakeun ka Djěng Gusti, sarta tuměras djěngkar.

27. Sarta těras Raden Arja Patih, miwarangan ngadaměl tangara, nitirkeun kohkol djeung běnde, jen mundut ditarulung, ku sakabeh praabdi-abdi, neangan Sang Pinutra, dawuhan Djěng Ratu, gantjangna nu ditjarita, geus ubiag budal teu aja nu kari, kana leuweung těgalan.

28. Sumawonna sipating lalaki, awewe ge sami andon suka, neangan Pangeran Anom, ka těgalan ka gunung, tapi wěleh hanteu kapanggih, nu lěgok dilongokan, gunung dikurubut, lěbak-lěbak dikotektak, mun palika saban walungan diroris, bok palid wiwahana.

29. Kira-kira lamina ngilari, tudjuh poe teu aja eureunna, warěleh sampe talete, samalah Kangdjěng Ratu, geus njěratan ka saban nagri, bawahan parentahna, jen leungit Sang Sunu, walěran ti sadajana, hanteu aja saban nagri dipilari, Radjaputra Purnama.

30. Kangdjěng Ratu sarěng Prameswari, beuki lami langkung ngangluh manah, tungtungna leungit kadjaten, rukun agêman Ratu, kawisaja rantjana galih, mědal ka pangandika, djadi mawur saur, di puri sarěng Meswara, dideuheusan ku Patih Gundarapati, Ratu ladjěng ngandika.

31. Lah kumaha pětana Ki Patih, Ki Purnama datang ka musnana, estu leuwih matak helok, ari ras ku Ki Sunu, kawas-kawas aja nu maling, sabab mohal katjida, leungit teu pupuguh, ngan maksud kakang ajeuna, kadjeun mati tinimbang, hanteu kapanggih, rek diiděr sadunja.

32. Saban nagri diasupan pasti, ngan kakang mah mihape nagara, wakilan ku Patih bae, samemeh kakang tjunduk, Arja Patih Gundarapati, njěmbah djeung ngawangsulan, ka Sri Maha Ratu, abdi Gusti pun Aria, nampi lahir pangěrěsa dampal Gusti, bade nilar nagara.

33. Bade djěngkar kěrěsa ngilari, djadjah-djadjah sabuana dunja, mung raos abdi Gusti teh, rebu-rebu panuhun, mugi emut tjatjandran jakti, měnggahing kanarpatyan, teu sae kalangkung, lolos tumilir nagara, hanteu nolih katarik rantjana galih, kalintang marga hina.

34. Margi eta raos abdi Gusti, Dampal Gusti sae oge lĕnggah, abdi Gusti bae mios, njusul pinutra Sunu, maksad lĕbĕt ka saban nagri, sawĕngkon alam dunja, Kangdjĕng Radja njaur, sarta nangis tjumalimba, nja teu naon nadjan Patih ge pribadi, indit njusul si udjang.