Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Aria Gundarapati, ngawangsul ka Sang Sri Nata, panuhun abdi Gusti teh, pĕrkawis ngilari putra, moal sasih ajeuna, marga abdi Gusti estu, gaduh pamaksudan heula.

2. Samemeh mios ngilari, sumĕdja pupudja heula, ka bangsa nu aheng-aheng, tataros aja tajana, Sang Pangeran Pinutra, supados gampil ngadjugdjug, patĕmpatan Sang Pinutra.

3. Saur Ratu bĕnĕr Patih, malah kakang ngabarĕngan, mudjasmedi mĕlĕng hate, něněda ka Nu Kawasa, anu murba wisesa, suganna gampang tinĕmu, sidikna Purnama Alam.

4. Sanggeus tutup gunĕm warti, Patih pamitan ka Radja, ladiĕng mulih ti karaton, kantun Sang Maha Narpatya, sarĕng Parameswara sasauran hal kaewuh, Pinutra nu dipitjangtjam.

5. Ratu teu lami ngalahir, ka rai Parasmewara, tjoba pikir sing kahartos, estu teu salah ti sangka, tina tjarita ĕngkang, alamat meunang pakewuh, djalanan Purnama Alam.

6. Tina sabab boga rabi, ka lain tĕrah sasama, watĕk sangar burĕt hate, ajeuna ĕnggeus karasa, jen kieu balukarna, watĕkna Kania tangtu, mamawa ka sarerea.

7. Bareto ĕngkang teh geuning, njěbut leuwih hanteu doa, Purnama ka Kania teh, njata sieun dikieuna, sumawon kaera mah, ku sasama bangsa Ratu, boga minantu ka somah,

8. Ngan pikir ĕngkang pribadi, mungguhing ka Nji Kania, arek ditěmpuhkeun bae, djurungkeun sina neangan, ĕntong aja di nagara aja ge teu puguh-puguh, da taja Purnama Alam.

9. Karudjit-rudjit nagari, diajaan anu sangar, matak njata bae, tjilaka ka sarerea, nu matak ajeuna mah, urang tundung sina njingkur, parabkeun ka sato galak.

10. Meswari nangis ngalahir, duh ĕngkang mĕnggah eta mah, nja kumaha kĕrsa bae, nadjan abdi ngahalangan, estu moal tiasa, Kangdjêng Ratu deui njaur, balikanan Njai njaram.

11. Moal digugu teh teuing, karana sanadjan aja; di dieu Nji Kania teh, matak bae tambah-tambah, kanjěri nja pikiran, sabab manehna nu puguh, wirasatna kana sangar.

12. Tjoba geura pikir lantip, mun purun ka Kaswati mah, Purnama