Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

70

Alam bareto, lamun njorang pantjabaja, anu kieu rasana, tangtu dibantuan bingung, ku Ratu Putiasukma.

13. Ajeuna mah biheung teuing, kana njoreang ka urang, boa muas-muas bae, Parabu Putiasukma, jen urang njorang bahja, nu matak ajeuna kudu, urang tundung Nji Kania.

14. Ladjĕng djĕngkar Sang Narpati, diiring ku gulang-gulang, angkatna wĕngi mopoek, bade ka karang kaputraan, kotjap Dewi Kania, ti barang leungit Sang Sunu, teu kĕndat nangis sasambat.

15. Mun lain djatining istri, tědak bangsa kadewian, geus njangking hate nu saleh, tĕrkadang tega ka raga, goda rantjana manah, njurung napsu lampus umur, nêlasan andjen ku gobang.

16. Ari mungguhing Sang Dewi, ngan sadrah ka Nu Kawasa, nu kagungan alam kabeh, tatapina hěnteu kěndat, pupuja lĕbĕt manah, nunuhun Anu Agung, tapakur di kadjuaran.

17. Sarta hanteu bidjil-bidjil, tuang leueut oge nunda, sumeuseuh ipuh djadjaten, ku margi emutanana, suganna pangna bahja, kasiku ku murka laku, papisah reudjeung pěrtimah.

18. Reudjeung kadua pěrkawis, mudjasmedina Kania, něda těrbukaning hate, pitulung Jang Maha Sukma, nuduhan patěmpatan, ajana Pangeran Sunu, lara atawana mulja.

19. Kitu galih Njai Dewi, nu dianggo pěrmuhunan, ka Gusti Jang Maha Manon, teu aja pisan towongna, saban wengi djeung siang, saleungit Pinutra Sunu, teu ingkah ti pagulingan.

20. Katjatur Sang Sri Narpati, barang sumping ka kaputran, lumĕbĕt ka bumi bae, ngadĕg teu kěrěsa lĕnggah, di lawang pagulingan, njondong mantu keur tapakur, Putri Pramanik katjida.

21. Gugup ningal Ratu sumping, tina pangsalatan njingkah, isin ku Sang Maha Katong, djeung wuwuh mĕdal tjisotja, tina raos kagugat, nambahan liwung mangpaung, disumpingan ku Djĕng Radja.

22. Geus hanteu jasa ngalirik, tungkul murubut tjisotja, ladjěng ngandika Sang Katong, ka Njai Dewi Kania, sarta langkung pusingna, lir lain titi ka mantu, eh montong tjeurik Kania.

23. Da bongan sia pribadi, nu sisit wirasat sangar, sumered kana tjotjogeh, raga matak pantjabaja, hanteu bisa ngadjaga, kawas lain anak wiku, bĕt narik kana tjilaka.

24. Djeung deui ajeuna aing, nu matak ka dieu datang, lain rek ngahĕmo-hĕmo, aing rek muka subaja, ajeuna teh ka sia, geuning waktu anjar tjunduk, sia reudjeung Ki Purnama.

25. Aing teh aja pamĕrdih, pasal nu tilu pĕrkara, sageuj teuing sia