Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
71

poho, jen kudu bisa ngadjaga, malar kasalamĕtan, ka diri aing nu estu, djeung nagri sarta eusina.

26. Tatapi naha bĕt djalir, sanggup sia bakal bisa, ahir ajeuna katangen, meunang bahja kasukĕran, nu taja papadana, ana kitu sia asup, tjidra ka nu djadi Radja.

27. Ka nu sedjen komo teuing, moal bisana ngadjaga, tjatjak ka salaki oge, nu hanteu aja anggangna, saban peuting djeung beurang, bĕt geuning sia kalangsu, teu njaho loslosanana.

28. Ngan ajeuna sia misti, ku sabab geus lampah tjidra, ka nu kasĕbut Narpatos, peuting ieu kudu njingkah, tong aja di nagara, tjitjing oge teu pĕrlu, da taja salaki sia.

29. Aing hanteu sudi teuing, diajaan anu sangar, matak njilakakeun bae, kana saeusi nagara, baruntak pěrwatěkna, kusut rusuh djeung pagĕbug, moal aja kaberesan.

30. Ajeuna sia geura djig, njingkah ti ieu nagara, hajoh indit tong talangke, Dewi Kania kalintang, nandang kiamat manah, nampi panundung Djěng Ratu, sarta njeuseul seseepan.

31. Kania meh hanteu eling, bawaning ku kareuwasan, kasima dugi ngadegdeg, ningal ka paroman Radja, dugi geuneuk rarajna, gěgědjlig bawaning bêndu, ka mantu Dewi Kania.

32. Wantu-wantu tědak istri, gampang gĕtapan reuwasan, katurug-turug djeung nĕmbe, měndakan dikasukěran, Sang Putri Gurangsarak, langkung tunggarana kalbu, surĕm sabuana alam.

33. Ĕnggeus hanteu nangis deui, bawanning surĕm pangrasa, nja djadi leungit djadjaten, ampir hanteu jasa obah, lamun hanteu dipaksa, dihajoh-hajoh ku Ratu, geura djor sia Kania.

34. Dewi Kania teu lami, njěmbah ti pajuneun Radja, rampohpoj kalangkung lungse, mehmeh hanteu jasa tjĕngkat, bidjil ti pagulingan, Ratu nendjrag sarta njaur, djor sia Ka mana njingkah.

35. Tĕras lungsur Njai Dewi, sarta hanteu barangtjandak, bangsa sipating panganggo, kadjaba njandak salêmpaj, panadahna tjisotja, nurasdjati tikêl balung, eta mah taja kantunna.

36. Sang Dewi lungsur ti bumi, poek mongkleng butarata, pukul sapuluh teu geseh, teu njandak rentjang saurang, wantu taja nu tĕrang, lamun ĕmban para babu, njaraho tangtu ngiringna.