Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Magatru

1. Kangdjĕng Ratu ka mantri djeung djaga satru, ngalahir bĕrĕngos pusing, dina poe isuk kudu, embarkeun ka abdi-abdi, nakol běnde mere njaho.

2. Saha-saha djalma anu kumawantun, ponggawa atawa lain, ngampihan Kania tangtu, dibere hukuman aing, dibuang atawa potong.

3. Sadajana para mantri djaga satru, njumanggakeun ka 'Djěng Gusti, gantjangna anu ditjatur, hanteu lami Ratu mulih, ti kaputran ka karaton.

4. Tunda Ratu Dewi Kania katjatur, saĕnggeus lungsur ti bumi, nangis hanteu suwung-suwung, manahna ka mana njingkir, njumputan Maha Narpatos.

5. Angkat alon ngaliwat ka alun-alun, nudju hudjan rintjik-rintjik, bulan tanggal tudjuh likur, atuh poek buta radjin, mehmehan tidadalagor.

6. Taja djalma těrang ka Sang Pułri Wiku, wantu-wantu ĕnggeus peuting, gantjangna anu ditjatur, geus ka luar ti djro nagri; djalan nu nudju ka kulon.

7. Turug-turug sasab djalan wantu linglung, kana djalan njukang pasir, rondaan ka saban gunung, nu dianggo ku Sang Dewi, unggah turun langkung repot.

8. Sawěwěngi ngeureujeuh tur angkat laun, teu pisan liren sakali, harita geus isuk-isuk, sarta geus djauh ti nagri, kira lalakon tilu pos.

9. Beuki djauh Dewi Kania lumaku, angkat hanteu djeung pamilih, teu puguh anu didjugdjug, mapaj lĕbak mipir pasir, norobos ka leuweung ganggong.

10. Bari nangis sasambat teu suwung-suwung, ka Radja putra nu leungit, duh aduh Pangeran Sunu, naha bĕt gamparan lali, ka diri abdi pribados.

11. Naon dosa abdi teh margi dikantun, ditilar sina ririwit, sina linglung ku kabingung, paeh asal djuwĕt ati, gamparan bĕt abong-abong.

12. Atuh abdi katěmpuhan ku 'Djěng Ratu, ditundung ti djěro nagri, disěbat wirasat kusut, sisit sok narik balai, njangarkeun kana karaton.

13. Amung abdi moal pisan buntu laku, babakti satia ati, pikir sumudjud satuhu, ti lahir dumugi batin, ka lĕnggah gamparan jaktos.

14. Pikir abdi kadjeun dugi seep umur, tinimbang teu tĕpang deui,