Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

73

nadjan di pandjang umur, ririwit moal walagri, těrkadang owah pangraos.

15. Eta kitu sasambatna putri wiku, sarta hanteu eureun nangis, dumugi ka luhur gunung, katĕlah gunung Sarinding, kana madhab papat plungplong.

16. Kira-kira Putri geus aja saminggu, ti barang djĕngkar ti nagri, hanteu pisan mĕndak sangu, tapi teu djadi salatri, tina kĕbĕk ku prihatos.

17. Ditekadkeun kana tatapa tapakur, sumeuseuh njipuh djasmani, sapun rarambu kalbu, pasangaran sanubari, nu narik geusan prihatos.

18. Ladjêng bae liren dina luhur gunung, tjalikna handapeun kai, iuh wantu ngarunggunuk, ngaran kai Ragawati, Putri linggih majun ngulon.

19. Waktu eta lohor kira pukul satu, panas poe mĕntang-mĕntring, lenglang teu aja halimun, kaler-kidul katingali, ngĕmplong ka wetan-ka kulon.

20. Njai Dewi ngiuhan handapeun kaju, tjalik wantu bararĕsih, djukut kakawatan wungkul, angin lĕlĕr ngahiliwir, mepes manah nu prihatos.

21. Tatapina hanteu pisan surud-surud, murubut tjisotja bidjil, teu katadah ku panjusut, ampir teu jasa ningali, kana sugrining kakajon.

22. Ngan hadena kasurung ku tĕrah wiku, didjaring ku pudji dikir, malar sukĕr djadi sukur, narima papasten diri, pasihan Gusti Jang Manon.

₴₴

Dangdanggula

1. Njai Dewi di gunung Sarinding, lami pisan ngalangeu damĕlna, waspada ka wetan-kulon, ka kaler djeung ka kidul, warna-warna nu katingali, nu tumuwuh-di dinja, matak kĕlar kalbu, sarta sakur-sato aja, sĕmu sami ngiring prihatin ka putri, tjara tata manusa.

2. Kaak kerak mĕrak lir tjareurik, heulang djulang kalong ngalanglangan, geuri-geuri tinggarĕro, maung bati ngahiung, kuwiwi mah bati ngawiwiw, sagala ngiring lara, ka Sang Putri Wiku, djeung pada bidjil alpukah, sato-sato bĕrhala gunung Sarinding, bumela ka nu lara.

3. Njai Dewi njaur lĕbĕt galih, na ka mana aing geusan lunta, pikeun njalajakeun hate, kana djalan tinĕmu, djeung kasirnan rasaning diri, pukah reudjeung kasusah, tapi aing linglung, taja djalan baris-leumpang, sakuriling luwang-liwung leuweung rumbit, huma ge hĕnteu aja.