Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

4. Tapi aing hade nindih pati, kabalangsak rukak njaksrak alas, neangan Pangeran Anom, sugan bae dikabul, ku kěrsana Jang Maha Sutji, lantaran leuleuweungan, tĕpang djeung Sang Sunu, tapi aing memeh lunta, rek ja njęuseuh rěrěgěd nja diri, ngumbah pamurka rasa.

5. Teu katjatur lamina Sang Dewi, mudjasmedi ka Jang Maha Sukma, tigin bawaning ku antek, makbul anu dimaksud, katurunan wahjuning Dewi, soara tan katingal, ka Nji Putri Wiku, eh Njai Dewi Kania, montong djadi ririwit njungkělit ati, ku dumeh kitu kadar.

6. Ajeuna mah pilampaheun Njai, ulah pisan arek salah lunta, ti dieu teh kudu ngulon, sarta ĕngke di pajun, lamun diri Njai geus nĕpi, ka hidji pagunungan, anu ĕnggeus mashur, gunung Binarum ngaranna, di puntjakna aja hidji masdjid leutik, kudu eureun di dinja.

7. Balukarna ku Njai pinasti, kana manggih têrbuka waluja, djalanan pukah prihatos, ajeuna buru-buru, didoakeun masing walagri, salamĕt sadjadjalan, sarta makbul maksud, barang Sang Dewi Kania, ngadangukeun sarta pĕrtela panglahir, kaget lĕbĕting manah.

8. Rurut-reret neangan nu bukti, sora naon djalma naha setan, mituduh ngomong nongtoreng, sarta teu lami njaur, kula nuhun nampi pangasih, pěrtuduhan andika, djalanan rahaju, tapi kula rada hamham, tina marga teu puguh nu boga lahir, sabab mohal, Allah mah.

9. Mugi aja raraga nu bukti, supajana kula djadi těrang, di sipat andika jaktos, barang Putri geus njaur, eta sora gorowok deui, pokna eh Nji Kania, montong aja maksud, hajang njaho di djirimna, sabab ieu tangkal kai Ragawati, anu boga soara.

10. Njai Dewi pok deui ngalahir, aeh-aeh kula nĕmbe měndak, aja kai bisa ngomong, na kai naon atuh, anu matak bisa wawarti, lir lain samanea, bangsa kaju-kaju, tjitjiptan asal manusa, Ragawati saĕnggeus Putri ngalahir, tĕrus deui njarita.

11. Ih Kania lamun hanteu harti, Ragawati kaju tjitjiptaan, tětěs raraga Narpatos, ngan Njai hanteu kudu, tĕtĕs tĕrang ka Ragawati, ĕngke ge ka hareupna, ku Njai kamaphum, tina sabab tangtu pisan, dina ahir kabukti sarta kapanggih, pasal ieu pĕrkara.

12. Ngan, ajeuna Njai gasik-gasik, djugdjug gunung Binarum ulah lat, wajahna sanadjan tjape, barang Nji Putri Wiku, nampi saur ti Ragawati, ngahulĕng sadjongdjongan, hanteu pisan njaur, tina kaanehanana, bakal aja balukarna eta kai, sabab kitu basana.

13. Njai Dewi njaur lěbět galih, hajang njaho arek dilampahan, sugan-sugan ĕnja bae, tuduh geusan rahaju, nadjan kai ari pěrjogi, beda