Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
75

tina adatna, ti sakabeh kaju, bisa ngomong tjara djalma, matak naon diturut sarta dipusti, saparentahanana.

14. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, kana Ragawati seug pamitan, sarta basana digĕntos, njĕbatna ama kaju, atuh puntĕn ama sim kuring, bade mios ajeuna, ka gunung Binarum, njuhunkeun pandunga ama, mugi-mugi wiludjêng walagri diri, laksana nja panĕda.

15. Walon kai nja geura los Njai, didungakeun ku ama ajeuna, salamĕt makbul kahojong, teu lami Putri Wiku, saparantos andjeunna pamit, ti dinja ladjĕng djĕngkar, kulon nu didjugdjug, ťi gunung Sarinding tea, lalampahan norobos di leuweung rumbit, ku sabab taja djalan.

16. Kira-kira geus aja sasasih, Putri Wiku angkat leuleuweungan, sartana njalira bae, njaur djĕroning kalbu, aeh-aeh bĕt djauh geuning, sakieu geus lilana, tatjan keneh tjunduk, reudjeung anu mana tea, nu katĕlah gunung Binarum masigit, palangsiang kaliwat.

17. Njaur kitu barina ningali, tjĕpĕt ngulon Sang Dewi Kania, bari ngaděg sarta liren, di puntjak hidji gunung, hanteu lami waspada Putri rĕmĕng-rĕmĕng katingal, tina sabab djauh, wantu rada halimunan, aja gunung luhur sartana bulistir, siga taja kaian.

18. Di puntjakna sidik katingali, lenggang-lenggang kawas situhiang, djeung aja tjahaja objor, ngagĕbur kaja lajung, sarta aja bandera putih, Sang Putri sasauran, dina djĕro kalbu, euleuh-euleuh boa eta, ngaran gunung Binarum pituduh kai, rek didjugdjug ajeuna.

19. Sanggeus njaur Sang Putri Pramanik, ladjěng deui angkat rek ka dinja, barina sĕmu nu atoh, gantjangna nu ditjatur, Putri Rĕsi ka dinja sumping, nandjak kana puntjakna, teu aja karipuh, tjara angkat di nu datar, barang gok teh kana puntjak gunung sidik, masigit leutik aja.

20. Langkung kaget manahna Sang Putri, ningal masdjid teu kira endahna, lain ti asal kakajon, tihangna perak wungkul, tatapakan kabeh ku angkik, djeung bilikna suasa, kĕnteng gědah wungu, pěpěntul pataka ĕmas, djeung ditabur ku sosotja tingkarĕtip, mutiara běrlian.

21. Sanggeus lĕbĕt Sang Putri Pramanik, luntang-lantung ningal palataran, wungkul bati matak kaget, njaur djĕroning kalbu, masa Allah na aneh teuing, naha saha nu boga, mana leuwih alus, radja atawa dewata, atawana rasêksi banaspati djin, nu boga ieu têmpat.

22. Tina sabab estuning mustahil, anu boga djalma samanea, tangtu nu gĕde djadjaten, těgěsna nu geus luhung, langgĕng ati njangking sadjati, pangkat miraga sukma, nu patut migaduh, kana ieu patĕmpatan, reudjeung aing rada oge pikir risi, aringgis* kumaonam.