Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Ti dinja Dewi Kania, ningali kana masigit, pantona nutup teu muka, sartana barang ningali, pĕrtela aja tulis, dina saluhureun pintu, sarta tĕras diwatja, ungělna anu kadjudi, ieu masdjid ngaran Binarum Kania.

2. Sakitu eta ungĕlna, dina salĕbĕting tulis, kalangkung Dewi Kania, bĕngong tina heran galih, ku ungĕl eta tulis, sarta njaur djěro kalbu, naha ieu tulisan, make aja ngaran aing, kawas-kawas djieun djalma anu těrang.

3. Barang eukeur kitu manah, aja sora ti djro masdjid, sartana kieu basana, bagea Dewi Pramanik, ngagĕbĕg Njai Putri, ngadangu nu ngomong kitu, sarta tambah kagetna, bari njaur dina galih, tangtu sora anu boga ieu těmpat.

4. Sanggeus njaur dina manah, Dewi Kania teu lami, harita tĕras manjoan, bade lĕbĕt ka masigit, měrtelakeun nu tadi, bisi pangrungu nu palsu, bawaning ku palajna, patěpang djeung djalma deui, sieun toke saru sada sora djalma.


5. Sanggeus běrěsih manjoan, těras bae ka masigit, barang braj muka pantona, heran Sang Putri Pramanik, sabab di djêro masdjid, ditingal pĕrtela suwung, hanteu aja djalmaan, ngan aja nu ikatingali, dina djěro paimbaran pangsalatan.

6. Bĕt aja kĕkĕmbĕn dua, sarta rupa sutra putih, beunang nabur ku aksara, tĕrus ku Putri Pramanik, ditjandak ditingali, rupana kalangkung alus, sarta dina sisina, aja ngaranna ditulis, Tjakrahajat anu hidji Kantahajat.

7. Saĕnggeus ditingalian, těrus disampajkeun deui, tina risi kumaonam, sarta ku Putri Pramanik, hanteu pisan kadjudi, pangaruhna anu estu, eta karembong dua, ngan Putri ningali deui, aja tulis dina lajar paimbaran.

8. Diwatja kieu basana, Sri Narpati Ragawati, nu ngagĕm Tjakra djeung Kanta, djimat titisan prawali, sartana geus dipasti, anu diturunan wahju, ngagĕm ieu sěndjata, nu bakal katitis milik, tĕrah Ratu Pramajon Purnama Alam. `

9. Eta sakitu ungĕlna, dina salĕbĕting tulis, Putri Pramanik kalintang, kageteun djěroning galih, ngawatja eta tulis, ku sabab basana kitu, njaur