Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77

djĕroning manah, naha bĕt di ieu masdjid, aja ngaran aing djeung Pangeran Putra.

10. Djeung disĕbut ieu djimat, anu bakal boga milik, Sang Putra Pur“nama Alam, salaki aing pribadi, sarta teu aja deui, anu boga ngaran kitu, dina waktu ajeuna, mo aja geusan pahili, djeung disĕbut putra Pramajon tetela.

11. Ana kitu Sang Pinutra, pĕrtanda ajeuna masih, gumĕlar keneh di dunja, tina sabab aja tjiri, tjawisan ti nu gaib, baris milikna ka pajun, da lamun geus wapat mah, moal aja bangsa tjawis, tangtu buruk rombak ku lantaran wapat.

12. Djeung deui aing ajeuna, hanteu pĕrlu njingkah deui, tina ieu patĕmpatan, udar-iděr nja ngilari, Sang Pinutra nu leungit, tina sabab ĕnggeus tangtu, Radjaputra Purnama, di ahir ka dieu sumping, ngarawatan kana ieu dua djimat.

13. Sang Putri kitu manahna, nekad kana tĕras mukim, dina eta patĕmpatan, teu lami gorowok deui, sora luareun masdjid, pokna eh Pramanik ĕnung, běněr kudu antosan, ulah arek lunta deui, tina ieu těmpat Binarum Kania.

14. Eta sakitu basana, dina saluareun masdjid, nongtoreng pěrtela pisan, kalangkung Dewi Pramanik, ngarendjag leuwiih-leuwih, bawaning kaget ngadangu, sarta gantjang kaluar, ti djěro eta masigit, rek njidikkeun saha nu bieu tjarita.

15. Barang geus Putri kaluar, hantěm diulak-ilik, masigit dikurilingan, wěleh bae teu kapanggih, heran putri Pramanik, sarta teu lami seug njaur, aeh nu ngomong saha, manusa atawa ning djin, saban ngomong diteang taja buktina.

16. Tjing kula berean těrang, ku djirim, raga djasmani, ulah wungkul susumputan, sanggeus njaur kitu Putri, sora gorowok deui, ti djěro masigit njêluk, ari pokpokanana, eh Njai Dewi Pramanik, anu ngomong masdjid Binarum Kania.

17. Eta sakitu tembalna, ngan Putri mariksa deui, masigit naon andika, nu matak lir djalma badis, bĕt tiasa wawarti, tjing kaula bere maphum, kadua pĕrkarana, ngaran andika sajakti, njabit2 Kania ngaran kaula.

18. Naha andika kumaha, kawas aja asal tadi, tĕrah bangsa kamanusan, marga kagungan kakasih, sarta jasa wawarti, sanggeus Putri njaur kitu, gorowok deui sora, Njai montong aja pikir, hajang njaho asal Binarum Kania,

19. Ĕngke ge aja buktina, dina balukar di ahir, geus sumping Purnama Alam, tjaroge Njai sajakti, djeung kadua pĕrkawis, ulah rumasa dirĕbut,