Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79

kulan dupa makasar, katjatur anu ngadjagi, Mantri djin ngaran Ginggi. djuru tugur eta ratjun, di Djurung-padjarangan, langkung tina paos ati, dumeh ratjun tina Padjarangan musna.

30. Gojang sirah ngusap dada, djeung ngutjap djĕroning ati, aduh-aduh ratjun ilang, lĕdis hanteu aja kari, tjilaka diri aing, tangtu kabĕndon ku Ratu, Sri Maha Saksaria, tĕrkadang ngahukum pati, daradjatna dilĕpas ti kamantrian.

31. Sanadjan aing teu meunang, lĕpasan djeung hukum pati, isinna mah tangtu pisan, ku salira Kangdjĕng Gusti, da aing geus kawarti, ti sasama mantri unggul, di djro Karang-panjiksan, hal digdjaja gagah sakti, ahir-ahir bĕt njorang ieu pĕrkara.



Asmarandana


1. Tunda heula Mantri Ginggi, nu eukeur nandangan susah, katjaturkeun Sang Narpatos, Ratu di Tolong-tĕlĕngan, anu kagungan guha, nagri di bumi ping pitu, kawantu-wantu kadjinan.

2. Ratu gagah sarta sugih, ku bangsa dunja barana, kakasihna nu kasohor, Sang Parabu Saksaria, dina djaman harita, mashur sabumi ping pitu, taja sasamana gagah.

3. Sakur-sakur nu kumělip, bangsa siluman silĕman, banaspati djin djeung onom, nu di tjai nu di darat, ka Ratu Saksaria, pada sumudjud taraluk, djadi bawah parentahna.

4. Sri Maha Ratu Saksari, kagungan sahidji putra, istri langkung geulisna teh, djĕnĕngan Ratna Suminar, putri ti prameswara, juswa tudjuh wĕlas taun, hanteu atjan tjarogean.

5. Keur geulis katambah sakti, djadi sagala panjipta, hanteu aja anu nĕgel, bangsa dipati kadjinan, sanadjan senapatya, gagahna ka Ratna Aju, di waktu djaman harita.

6. Tur langkung dipikaasih, wantu taja deui putra, dimongmong langkung diĕnod, sagala tara dipungpang, kana sakahojongna, ku kêrsa Sri Maha Ratu, Sang Putri Ratna Suminar.

7. Malah nu matak Sang Adji, kagungan Karang-panjiksan, parantina Sang Putri teh, amĕng dina saban siang, di djĕro eta guha, patamanan Bumbungümur, bandjar karang kaputrian.

8. Katjatur harita Putri, keur linggih di kaputrian, pungkureun gĕdong karaton, djeung ngadjadjar para ĕmban, sami ngadareuheusan,