Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80

di pajuneun Ratna Aju, praĕmban bangsa kadjinan. 

9. Putri tjalik dina korsi, ĕmas nu beunang narapang, ku sosotja anu objor, teu lami Putri ngandika, ka sadaja praĕmban, ajeuna maraneh kudu, darangdan masing sadia.

10. Kami rek ka ama Gusti, amit sědja pĕlĕsiran, maneh kudu ngiring kabeh, ka guha Karang-panjiksan, těmpat artja těnungan, kami leuwih tudjuh minggu, hanteu ngaronda ka dinja.

11. Reudjeung itung-itung kami, sambian mepes amarah, sugan djadi lipur bae, garetek ku nampa surat, ti Ratu Marajangan, wani-wani gěde napsu, ka kami wani ngalamar.

12. Hanteu nendjo kana tulis, undang-undang mere tĕrang, ka sakur para narpatos, diri kami 'mo lakian, nadjan nĕpi ka wapat, lamun teu parĕng tinĕmu, djeung bangsa nu kasampurnan.

13. “Unggul ti djadjaten kami, bisa ngagarap nja raga, Ratna Suminar kaputren, eta anu diteangan, sartana moal gagal, didjieun salaki tanngtu, ngaraton Tolong-tělěngan. 

14. Ari Si Marajang wani, wungkul datang surat lamar, teu djentre datang ku maneh, kawas nu sieun ditjoba, dina pangabisana, tapi ati-ati tangtu, dilabrak ka nagarana.

15. Tina sabab pikir kami, teu malar ka radja beunghar, teu ngarah narpati mukten, sababna di kami aja, bangsa dunja barana, da lain rek ngarah gunduk, ka ridu-ridu miara.

16. Émban-ĕmban hanteu lami, raong sami ngawangsulan, sumuhun gamparan jaktos, bĕt montong teuing kěrěsa, ka 'Djěng Ratu Marajang, tiktikan galak timburu, kawêntar ahli oleran.

17. Gumudjĕngna ge sok njěngir, wuwuh gagabah ngaludah, sasauran sok wangwengwong, gěwang-gěwong bari honghang, tjara kuda hohoang, sarĕng langkung beuki nginum, teu anggang sarĕng gupikan.

18. Putri ladjĕng njaur deui, bari bibirigidigan, ah tong pandjang dipiomong, nambahan bae katjua, ajeuna haju geuwat, kami arek ka kadatun, ngadeuheusan ka Kangdjeng Rama.

19. Gantjangna Putri teu lami, anu ngiring para ĕmban, bidjil ti karang kaputren, gadjugdjug ka padalĕman, gĕdong kanarpatian, sarĕng nudju Maha Ratu, keur lĕnggah sarĕng Meswara.

20. Barang Sang Ratu ningali, ka putri Ratna Suminar, ngandika ka dieu ĕnong, naha ku naon nu matak, tilu poe lilana, Njai hĕnteu tjunduk-tjunduk, ngadeuheus sono ka ama.

21. Kawas anu ngandung ati, lantaran katugěnahan, teu tembong pundung ka kolot, tjing ama geura bedjaan, anu djadi sababna, naha