Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81

boga pikir giruk, atawa aja kahajang.

22. Ratna Suminar teu lami, ngwangun ka Sang Sri Nata, mĕnggah abdi nu sajaktos, sanes pisan gaduh marga, agĕng-agĕng kahajang, mung maksad aja piundjuk, mĕnggah ka kĕrsa gamparan.

23. Wirehing parantos lami, teu pisan-pisan ngaronda, ka guha Karang-tjatjanden, ku margi eta ajeuna, manawi kawidian, ku kĕrsa gamparan estu, abdi ajeuna sumĕdja.

24. Bade kana guha tjandi, sarĕng sadaja praĕmban, ngandika Maha Narpatos, eh Njai Ratna Suminar, hĕntjig tapi tong lila, kira lilana saminggu, ulah nĕpi ka mulanan.

25. Reudjeung deui Njai misti, ulah wungkul para ĕmban, anu bakal dibawa teh, nja kudu mawa kapala, mantri djeung gulang-gulang, upatjara djagasatru, supaja kautamaan.

26. Lain sieun ku nu djulig, rek ngahina nganiaja, ngan mantĕskeun trah Narpatos, minangka wawakil ama, tina geus kapěrtjaja, patut parasna nja ngaratu, mankurat Tolongtělěngan.

27. Pek ajeuna geura indit ngaronda djĕroning guha, gantjangna nu ditjarios, Sang Putri Ratna Suminar, saĕnggeus diidinan, njěmbah ti pajuneun Ratu, djĕngkar ka Karangpanjiksan.

28. Njatjat wantu hanteu tĕbih, kira aja satĕngah pal, kana guha ti karaton, murudul anu ngiringna, pramantri gulang-gulang, upatjara djagasatru, kawantu timbalan Radja.


Kinanti

1. Hanteu lami Ratna Aju, kana lawang guha sumping, njampak nu ngadjaga lawang, ngaran Mantri Baraspati, nja eta djuru kuntjina djangkung gĕde wantuning djin.

2. Barang ret ka Ratna Aju, gek diuk bawaning isin, tungkul hanteu, wĕrat tanggah, ki Mas Mantri Baraspati, Ratna Suminar ngandika, eh paman Mantri Baraspati.

3. Montong tungkul sampe bĕngkung, anggur hajoh gasik-gasik, geura buka ieu lawang, sambian kaula amit, arek ka Karangpanjiksan, ngaronda sakabeh tjandi.

4. Mantri njĕmbah sarta tĕrus, numutkeun dawuhan Putri, muka panto lawang guha, hanteu lami ladjěng Putri, lĕbĕt ka Karangpanjiksan ti pungkur ngabrul nu ngiring.

Purnama Alam I — 6