Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82

5. Hanteu lami Ratna Aju, ka gědong kaputren sumping, lĕnggah di korsi kantjana, hempak sadaja nu ngiring, mantri-mantri hulubalang, marando pajuneun Putri.

6. Malah mantri djuru tugur, nu di djĕro guha tjandi, sasumping Ratna Suminar, hanteu aja anu tjitjing, muru-muru ngadeuheusan, ka pajuneun Radja Putri.

7. Wantu-wantu ratus-ratus, mantri nu tukang ngadjagi, di djěro Karangpanjiksan, kamar kampa kamar giling, kamar duruk kamar tjatjag, kamar godog kamar peuntjit.

8. Siksaan nu hanteu nurut, kana parentah Sang Adji, nja di dinja disiksana, sawareh didjieun tjandi, dipake papaes guha, kalangěnan Radja Putri.

9. Hanteu lami Ratna Aju, mariksa ka para mantri, eh paman mantri sadaja, tina sabab kula lami, ka dieu hanteu ngaronda, leuwih tina dua sasih.

10. Kula menta bedja estu, di sadjĕro dua sasih, kumaha kasalamĕtan, raong ngawangsul pramantri, aja hibaring gamparan, wiludjĕng taja tjotjobi.

11. Saur Putri atuh nuhun, pěrtanda bisa ngadjagi, teu aja kataledoran, tjĕpĕt těměn kĕkĕl ati, kana gawe kumawula, hormatan mangke di ahir.

12. Sanggeus Putri njaur kitu, ningali ka hidji mantri, djuru Djurung-padjarangan, rupana ku sedjen budi, pias sĕmu nandang susah, djalanan njorang balahi.

13. Djeung hanteu ngiring piundjuk, ka kĕrsa Sang Radja Putri, kalangkung Ratna Suminar, kaget salĕbĕting galih, geus tangtu aja sababna, nu bakal njusahkeun ati.

14. Kitu manah Ratna Aju, sarta teu lami ngalahir, ka Ki Mantri Padjarangan, saurna eh paman Mantri, ku naon eta paroman, pias kawas rupa gĕring.

15. Reudjeung hanteu tjara batur, pada gĕrah bungah ati, didatangan ku kaula, djeung pada bidjil wawarti, piundjuk kasalamĕtan, ari paman wungkul tjitjing.

16. Budi-budi patut kusut, kitjeup tjarang bangun gĕring, rupa kĕsat lir ngamadat, geseh ti adat sasari, tjing paman naon sababna, bedjakeun ka kula misti.

17. Njĕmbah Mantri seug piundjuk, ka eta Sang Radja Putri, djisim abdi sajaktosna, gaduh kaewêdan leuwih, nu bakal balukar bahja, kana diri djisim abdi.

18. Tangtos kenging hukum gantung, ku kĕrsa gamparan pasti, dupi