Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
83

anu djadi marga, wirehing tjangkingan abdi, eusi Djurung-padjarangan. Kara baruang ratjun wĕrĕdjit.

19. Sadajana budal kabur, lĕdis hitik aja kari, tina Djurung-padjarangan, ku marga eta sim abdi, mung hatur sadaja-daja, buang-anggang gantung tinggi.

20. Mariksa deui Ratnaju, sarta langkung kaget galih, sugan ku naon asalna, da tangtu mohal teh teuing, njingkahna tanpa karana, tangtu pisan aja margi.

21. Ki Mantri Ginggi ngawangsul, bawi raos djisim abdi, nu djadi barakah sangar, ka kamar tĕmpat wĕrĕdjit, katinggang ku darigama, katindih ku kari-kari.

22. Abdi nampi ti 'Djĕng Ratu, sarupi artja sahidji, siksaeun di Padjarangan, nu hanteu nurut ka Gusti, Sri Maha Putiasukma, Ratu Ambarak nagari.

23. Wastana anu saestu, eta artja nu katampi, wartosna Purnama Alam, putra Sang Riskomar nagri, dupi margina disiksa, ku Sang Putia Sukmadji.

24. Teu purun dianggo mantu, anggur tega kana pati, eta Sang Purnama Alam, kitu wartosna nu sidik, ti Aria Patih Kumba, nalika nitipkeun tadi.

25. Atuh ku sim abdi tĕrus, didaměl parab wĕrĕdjit, amung hĕnteu jasa teurak, wěrědjit anggur njalingkir, artja Sang Purnama Alam, dĕngdĕng hanteu busik-busik.

Dangdanggula

l. Marga eta měnggah diri abdi, taja sanes mung sadaja-daja, ngiringan gamparan bae, dibuang djeung dibunuh, sadrah pisan diri sim abdi, margi karumaosan, kalampud ku luput, awit tina kabodoan, Radja putri ngalahir ka Mantri Ginggi, kula kakara tĕrang.

2. Na iraha Putiaksumadji, ngirim artja ka Karangpanjiksan, kula lĕbĕt teu njaho-njaho, sarta 'Djěng Rama ulun, hanteu pisan masihan warti, sakitu geus lilana, Sang Putia Ratu, ngirimkeun artja siksaan, saruana reudjeung paman Mantri Ginggi, teu pisan ngabedjaan.

3. Kaduana bĕnĕrna mah tadi, barang gěbrus ngasupkeun si artja, sidikkeun masing katendjo, teurak-hanteuna ratjun, mun geus sidik eta wěrĕdjit, jen hanteu bisa teurak, djait buru-buru, pindahkeun deui artjana,