Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

84

pilih-pilih kana kamar sedjen deui, nu bakal bisa teurak.

4. Kamar duruk reudjeung kamar giling, kamar keueum sarta kamar kampa, kamar tjatjag kamar godog, mana bae nu madju, anu bakal teurak ngabasmi, tah kitu pĕrmistian, lain sina wungkul, tĕtĕp dina hidji kamar, bĕt paman mah, diantĕp sakitu bukti, jen ratjun hanteu mĕntal.

5. Mantri Ginggi ngawangsul ka Putri, djisim abdi oge satadina, emutan nja kitu bae, amung kalangkung-langkung, barang artja bade didjait, ti Djurung-padjarangan, hanteu kiat asup, panas tĕu aja bangsana, djisim abdi ampir-ampir njorang pati, bawaning ku panasna.

6. Djisim abdi saumur nja hurip, nĕmbe měndak nu kitu panasna, langkung tina seuneu bae, ngahulĕng Ratna Aju, ngadangukeun piundjuk Mantri, jen kitu-balukarna, dina kamar ratjun, teu lami ladjĕng ngandika, tjoba-tjoba ku kaula rek diroris, si Djurung Padjarangan.

7. Hanteu lami ladjěng Radjaputri, angkat njatat nu ngiring sadaja, pramantri djeung prakaliwon, ngadjugdjug kamar ratjun, hanteu lami geus sumping, ka Djurung Padjarangan, njondong panto nutup, sartana waktu harita, Radjaputri kaget salĕbĕting galih, dugi ka ngaranděgna.

8. Marga ngangseu seungit ngadalingding, langkung-langkung ti seungitna kĕmbang, ngelehkeun sugri wawangen, Ratnaju barang ngambung, ngadak-ngadak pepes nja galih, ilang di kapusingan, lipur geusan bĕndu, wĕkasan Putri nimbalan, ka Ki Mantri nu geus bakuna ngadjagi, mukakeun panto guha.

9. Mantri Ginggi saparantos nampi, parentahan ti Ratna Suminar, tĕras bae muka panto, tapi kĕrsa Jang Agung, eta panto kamar wěrĕdjit, hanteu beunang dibuka, tjara beunang maku, dipaksa potong sorogna, Mantri Ginggi susahna kawanti-wanti, nĕpi ka ngutjur kesang.

10. Dibantuan ku sakabĕh mantri, hanteu beunang disurung disungkal, disered padoger-doger, sadaja sami bingung, Ratu Putri ladjĕng ngalahir, ka Mantri Padjarangan, paman, Mantri mutuh, nêpi ka kieu pĕtana, jen pĕrtanda geus heubeul tara diroris, sampe taihiangan.

11. Halik bae pramantri njalingkir, tjoba arek ku kula dilaan, nja urang rudjadkeun bae, teu lami Ratna Aju, njandak panto kamar wěrědjit, djeung ngawatĕk sagala, sakur elmu-elmu, babakuna pamêtjatan, nu dipalar ku karĕsa Ratu Putri, rarudjad paburantak.

12. Tatapina kěrsana teu djadi, tjambal kabeh djangdjawokanana, sakur elmuning kasakten, diusap djeung ditiup, panto kamar djongdjon walagri, teu obah-obah atjan, Radja Putri langkung, kagetna lĕbĕting manah, djeung ngaraos kakara saumur hurip, teu měntal pangawasa.