Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85

13. Sarta nandang wirang leuwih-leuwih, ku sadaja pramantri nu ningal, tjulang-tjileung seuri koneng, teu lami ladjĕng njaur, ka sadaja pramantri-mantri, djasad kaula tiwas, tjambal elmu-elmu, sagala taja nu mĕntal, kawas-kawas eta si artja teh lain, manusa samanea.

14. Diri kula saumur nja hurip, bĕt kakara ngarasa ajeuna, adjian tjamplang sakabeh, mana kitu ge tangtu, ieu artja tĕrah istuning, bĕnĕr pangkusumahna, kasinungan luhung, ngagĕm raraga sampurna, katitisan wahju sipating sadjati, ieu Purnama Alam.

15. Tapi kula tekad dina ati, kadjeun nadah pati djeung tinimbang, teu laksana muka panto, sabab ku kula estu, geus kaharti moal sak deui, akal supaja bisa, muka ieu pintu, kudu tata djeung pamitan, geura dangu ku sadaja para mantri, kitu ge susuganan.

16. Hanteu lami ladjĕng Ratu Putri, dĕku njieun tědak kahormatan, bari majun kana panto, nun Gusti Agung, Radjaputra tĕrah Narpati Sang Pangeran Purnama, abdi něda tulung, ieu panto mugi muka, abdi bade ngadeuheus ka kĕrsa Gusti, marga maksad patěpang.

17. Saĕnggeusna panuhun Sang Putri, eta panto bĕt udjug braj muka, tjara disurungkeun bae, Ratu Putri kalangkung, nandang kaget lĕbĕting galih, tina panto geus muka, awas ka Sang Sunu, djĕro Djurung Padjarangan, Radja Putri teu kěndat neuteup ningali, ka artja Sang Purnama.

18. Kitu deui sadaja pramantri, sami ningal kana djĕro kamar, awas ka Pangeran Anom, karageteun kalangkung, tina margi naringal rupi, tjahaja Sang Pinutga, gumĕbjar ngagěbur, bawaning langkung kasepna, pada mudji sadajana kapala djin, ka Pangeran Purnama.

19. Mantri Ginggi djaba ningal rupi, aja deui pakageteunana, mungguh ka Pangeran Anom, tina sabab kapungkur, waktu neundeun kana wěrědjit, artja Purnama Alam; tjitjingna ngudupung. tatapi mangsa harita linggihna teh bĕt geus dina korsi gading, majun kana pantona.

20. Tatapina ku Ki Mantri Ginggi, teu diwartos ka mantri sadaja, wungkul kaget dina hate, katjatur Ratna Aju, hanteu pisan kĕndat ningali, ka artja Sang Purnama, lutjueun kalangkung, sarta njaur lĕbĕt manah, masa Allah naha mana kasep teuing, artja Purnama Alam.

21. Aing mindĕng ngambah-ngambah nagri, hanteu manggih nu kieu kasepna, anak-anak pranarpatos, anu ĕnggeus katimu, sabuana pusĕring bumi, sakur bangsa kadjinan, ukur lumbrah patut, taja nu kieu kasepna, reudjeung naha ieu rasa hate aing, geugeut teuing ka dinja.

22. Tajohna mah mustika lalaki, aja kasep meakkeun nu lian, ngowahkeun hate awewe, buktina aing estu, geus kawĕntar jen tukang