Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
86

nampik, bawaning, kapěngkuhan, adat ti ka pungkur, tatapi ajeuna naha, ngait meulit ati ka ieu lalaki, djeung njaah pěrwatěkna.

23. Saěnggeusna njaur kitu Putri, ladjěng ngaděg tina pangděkuan, manahna nambahan mabok, bawaning ku kadujung, geus teu nolih era ku mantri, Putri Ratna Suminar, lěng bae teu emut, kana pěrtata kusumah, djadi leungit pěrtiti těrah narpati, bawaning ku kagěndam.

24. Djeung harita kěrsana Sang Putri, bade lěbět njampeurkeun Sang Putra, tapi ti djěro ngahebos, panasna liwat langkung, karaosna ku Ratu Putri, sartana hanteu lila, tina kamar ratjun, Sang Ratna Suminar ngědjat, bari njaur dina salěběting galih, aduh naha bět panas.

25. Ana kitu mungguh diri aing, leuwih-leuwih nandang pakalahan, ku ieu artja, djadjaden, kahidji ratjun-ratjun, djimat aing kabur teu kari, ti Djurung Padjarangan, kadua hal pintu, ampir hanteu bisa muka, lamun banteu aing kana artja amit, těrkadang moal muka.

26. Katiluna estu diri aing, geus kagěndam ku rupana artja, taja papadana bogoh, kaopat mehmeh lampus, ku panasna nu leuwih-leuwih, sarta aing kakara, nadah panas kitu, leuwih ti seuneu biasa, boga pikir teter gimir hanteu wani, ka artja Sang Purnama.


Sinom


1. Tatapi aing tinimbang, hanteu aja kadar milik, ka ieu Purnama Alam, leuwih hade njorang pati, adjur lampus nja diri, dina djĕro kamar ratjun, sanadjan hanteu bisa, asup sabab panas leuwih, moal ingkah ti lawang si Padjarangan.

2. Sanggeus Putri kitu manah, ka artja ningali deui, sarta nambahan guměbjar, nodjo kana raraj Putri, leuwih-leuwih ti tadi, tjahaja Pangeran Sunu, Putri Ratna Suminar, antĕb kageugeut nja galih, rek njampeurkeun da teu kuat ku panasna.

3. Tungtungna Ratna Suminar, bawaning ku antĕb galih, sarta nadah kaewuhan, ngarumpujuk hanteu eling, sarta bari ngadjěrit, njambat-njambat ka Sang Sunu, aduh Purnama Alam, manusa mustika rupi, něda tulung abdi pun Ratna Suminar.

4. Mugi agung sih piwělas, ka nu bodo sisip budi, kĕrsa ngaleungitkeun panas, ti djěro kamar wĕrĕdjit, margi ajeuna abdi, ka pangkon adjêngan estu, manawina kamanah, sumědja sumadrah diri, ngangkĕn ratu sumudjud dunja-aherat.