Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87

5. Kitu Putri sasambatna, teu pisan kĕndat samĕnit, dipangkon ku para ĕmban, kaget sadaja pramantri, djagasatru ngabeui, ningal Radja Putri kitu, njandangan kalalian, sasambat djeung djĕrat-djĕrit, pada njĕbut kasibat ku rupa artja.

6. Enggal pramantri sadaja, budal lalumpat ka nagri, sědjana marêk ka Radja, ngundjukkeun lampah Nji Putri, katjaturkeun geus nĕpi, sadajana ka kadatun, njondong Ratu keur lĕnggah, sarĕng Aria Papatih, kakasihna Aria Lungabarahma.

7. Barang katingal ku Radja, sadajana para mantri, leumpang gantjang tingrarenghap, Ratu langkung kaget galih, sartana geus ngadjudi, tinangtu manggih pakewuh, geusan kabalaian, teu lami Ratu ngalahir, ka sadaja pramantri anu darongkap.

8. Eh pramantri hulubalang, djeung djagasatru ngabeui, maraneh, naon nu matak, daratang ka pajun kami, kawas aja pamanggih, leumpang rusuh gura-giru, tjoba geura undjukan, těras njĕmbah Mantri Ginggi ngawangsulan ka Sang Ratu Saksaria.

9. Bari rumandjug rumenghap, bawaning ku langkung adjrih, kalajan sadaja marga, dumeuheus ka dampal Gusti, wirehing nu*sajakti, sumêdja bade piundjuk, margi wangkid ajeuna, di guha Bandjaransari, putra Gusti Sang Adjĕng Ratna Suminar.

10. Kenging baja agĕng pisan, sasar hanteu eling-eling, dina Djurung padjarangan, sasambat sinarĕng nangis, artja anu dipuhit, nu kintunan Maha Ratu, Prabu Putiasukma, margi masih keneh djirim, hanteu mĕntal ratjun Djurung Padjarangan.

11. Tina ku margina eta, supados Gusti tingali, Maha Ratu Saksaria, ngadangu piundjuk Mantri, kalintang kaget galih, ka Aria Patih njaur, Patih Lungabarahma, haju urang gasik-gasik, kana guha neang Nji Ratna Suminar.

12. Hanteu lami Sang Sri Nata, sinarĕngan Prameswari, tungang kareta kantjana, gumilang wantu disangling, kudana samparani, ladjĕng djĕngkar Maha Ratu, nu ngiring Arja Patya, sarĕng ponggawa pramantri, kana guha Bandjar-karang panjiksaan.

13. Katjaturkeun sasumpingna, kana djĕro guha tjandi, kamar Djurung Padjarangan, sarta njondong Ratu Putri, sidik piundjuk Mantri, jen Ratna Suminar ngangluh, nangis sarta sasambat, Sang Ratu sarĕng Meswari, ladjĕng mangkon ka Putri Ratna Suminar.

14. Ratu njaur djeung ngalimba, aduh-aduh anak aing, nu geulis Ratna Suminar, ku naon Njai teh lali, nandang sangar nja ati, kawas lain titis Ratu, těrahing raga ama, djasmani rĕmbĕsaning djin, senapati