Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88

mangku rat Tolongtělěngan.

15. Njai ulah kitu tata, sing ingĕt putri Narpati, kapan Njai geus kawêntar, geus njangking ati sadjati, kana sagala surti, elmu kalawan panĕmu, ahir kieu buktina, njorang tjotjobaning ati, matak wirang kasurak ka sabuana.

16. Sang Adjěng Ratna Suminar, sanggeus ngadangu panglahir, liren nangis djeung sasambat, tumukul bawaning isin, amung ladjěng Sang Putri, ka Maha Ratu piundjuk, bari njusutan sotja, duh ama margina abdi, gaduh lampah tjeurik dugi djĕdjĕritan.

17. Sanes kabadi kasibat, sanes kapandjingan iblis, sanes karantjana setan, amung anu djadi awit, wirehing diri abdi, ngemutkeun parantos mashur, kongas ka sabuana, tina kagagahan sakti, luhung elmu pěrkosa nja pangawasa.

18. Amung eta kagagahan, ajeuna karaos djalir, roa-roa pakalahan, dumugi opat pěrkawis, kawonna diri abdi, elmu panĕmu teu madju, tumbal-tumbal teu měntal, kias-tarekah teu matih, kana ieu artja pun Purnama Alam.

19. Kabur sadajana djimat, baruang ratjun wěrědjit, tina Djurung padjarangan, kadua pěrkawis tadi, panto kamar wěrědjit, pageuh langkung ti dipaku, hanteu kenging dibuka, muka soteh enggal abdi, pĕrmuhunan njambat ka artja Purnama.

20. Dupi tilu pěrkawisna, barang braj pantona sidik, katingal rupina artja, hanteu samar tingal abdi, nĕmbe saumur hurip, měndak nu kasep pinundjul, gumĕbjar tjahajana, dumugi ka ati abdi langkung-langkung kabongbroj geugeut ka artja.

21. Sarĕng kaopat pĕrkara, bawaning ku geugeut abdi, těras njampeurkeun ka artja, ka djěro kamar wěrědjit, amung teu kantos dugi, kumargi panasna langkung, meh abdi kana pedjah, upami teu ngĕdjat gasik, tina djĕro kamar Djurung Padjarangan.

Asmarandana


1. Němbean saumur hurip, měndak panas tjara eta, langkung tina seuneu bae, ngahebos dugi bosbosan, tina ragana artja, atuh abdi hanteu tulus, njakĕtan Purnama Alam.

2. Mung mikir djĕroning ati, pĕrtela jen nadang kalah, pasal djadjaten kasakten, ku artja Purnama Alam, sok komo keur hirupna, man-