Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
90

kakang ampir tutung, geura ku Patih tingalan.

16. Rahaden Aria Patih, piundjuk ka Sang Sri Nata, tjobi, abdi dalĕm bae, muka pintu Padjarangan, hajang tĕrang panasna, saur Ratu tjing pek atuh, geura buka masing beunang.

17. Njĕmbah Raden Arja Patih, těras kana lawang Kamar, barangna ngaragap panto, karaos panas katjida, lain wungkul panangan, nu karaos gĕsĕng tutung, něrěkab kana salira.

18. Ampir-ampir Arja Patih, lampus ku lantaran panas, ngan hadena ngědjat bae, tina lawang Padjarangan, bari dadaligdeugan, sarta njĕbat aduh-aduh, tobat panas tobat panas.

19. Sri Maha Ratu Saksaria, lintang tina kareuwasan, sartana tĕrus njarios, ka sadaja prakapala, kami heran katjida, naha mana djadi kitu, ieu kamar Padjarangan.

20. Ajeuna mah rĕmpug kami, ku sabab kieu pětana, kawas lain djore-djore, samanea bangsa artja, teu beunang dideukeutan, nja singkiran bae kudu, bisi aja nu tjilaka.

21. Ĕngkeun bae tong didjaring, kamar Djurung Padjarangan, ku sabab geus kapihate, mungguh ku kami sorangan, tangtu aja ahirna, sangar guha Bungbungümur, těrkadang djadi baruntak.

22. Ajeuna haju ka nagri, barĕmpug ieu pĕrkara, ngondangan para dipatos, sugan aja anu bisa, njokot atrja Purnama, Aria Patih ngawangsul, njumanggakeun ka Sri Nata.

23. Barang rek djĕngkar Sang Adji, Ratna Suminar undjukan, ka kĕrsa Sang Maha Katong, bari nangis sambat-sambat, atuh ama abdi mah, maksad moal waka wangsul, sumědja těras nuguran.

24. Di ieu kamar wêrĕdjit, ku margi abdi emutan, wangsul ka dajeuh keur naon, upami hanteu kabawa, artja Purnama Alam, kadjeun abdi njorang lampus, raga nadah ngababatang.

Dangdanggula

1. Teu lami Ratu ngandika, aduh ĕnung Ratna Suminar eulis, naha Njai mana kitu, bĕt taja kaingĕtan, kawas lain titisan terahing ratu, wani rek nuguran artja, kawas lain tata putri.

2. Naha Njai teh teu era, mun kawĕntar ka praarja bopati, jen Njai teh kitu laku, djadi deugdeugan djalma, kaduana kumaha lamun katĕmbus, ku Ratu nagri Ambarak, sobat dalit ama jakin.