Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91

3.  Eta teh titipanana, pangnjiksakeun dina kamar wěrědjít, ahir ku Ěnung diganggu, sasatna ditulungan, tangtu bae ka ama pikirna pundung, těrkadang měntog ngadalak, jaji Putia Sukmadji.

4.  Nanging Sang Ratna Suminar, teu kenging ku rama diririh-ririh, keukeuh bae bade tugur, maksa nadjan dipaksa, teu didangu saurna rama Parabu, enggalna bae tjarita, Kangdjěng Radja ladjěng mulih.

5.  Diiring ku sadajana, sami budal rentjang taja nu kari, buru-buru wararangsul, kantun Putri njalira, direntjangan ku sahidji mantri ratjun, tukang djagana di dinja, wasta Raden Mantri Ginggi.

6.  Siang-wěngi hanteu ingkah, djeung dibarung tatapa Radjaputri, djunun ka sagala wudu, teu kulěm hanteu tuang, katjaturkeun kira ěnggeus tudjuh minggu, linggihna di Padjarangan, teu mulih-mulih ka nagri.

7.  Mantri Djurung Padjarangan, kabawakeun kěntel peudjit ku Putri, tatapi ngan ukur saum, bobor pukul sawělas, da sok njělang, ka bumina mundut sangu, kawantu baham pituang, peudjit sok ahli salatri.

8.  Bawaning ku kaantekan, Ratuputri měrdih wahjuning diri, mundut makbul sapamaksud, ka Anu Murbeng Alam, lami-lami katurunan oge wahju, těrbuka djěroning rasa, soara tan katingali.

9.  Niba kana raga-sukma, djadi sora sari di sanubari, sumurup kana pangrungu, aeh Ratna Suminar, nadjan ngěluk tapakur něpi ka sěpuh, moal laksana kahajang, mun wungkul di dieu tjitjing.

10.  Ajeuna mah kudu lunta, iděr-iděr teangan sing kapanggih, Dewi Pramanik saestu, sarta bangsa manusa, lamun maneh djeung eta parěng patěpang, tangtu laksana kahajang, ajeuna geura los indit.

11.  Sakitu eta soara, Sang Putri djin gugup nguping panglahir, njaur sadjěroning kalbu, lah aja těrbukaan, ngawurukan kudu neangan sing timu, di dunja kamanusaan, nu ngaran Dewi Pramanik.

12.  Tatapina sukur pisan, nadjan aing. teu njaho di Pramanik, 'mo burung disusul-susul, sawěngkon alam-dunja, dibelaan lampus badan pěgat umur, dina satěngahing djalan, tinimbang hanteu kapanggih.

13.  Teu lami Ratna Suminar, ladjěng bae njaur ka Mantri Ginggi, paman Mantri djuru ratjun, ajeuna maksud kula, arek njaba lumaku ngadjudjur napsu, ka těmpat kamanusaan, aja anu diilari.

14.  Ari nu rek diteangan, teu pěrělu ku kula dipiwarti, ngan paman Mantri teh kudu, ajeuna ngiring kula, Mantri Ginggi ngawangsul ka Ratna Aju, sim abdi sadaja-daja, maksad tumut kana ngiring.

15.  Amung djisim abdi sěsah, saha nu di dieu baris ngadjagi, kamar Padjarangan ratjun, saupami ditilar, saur Putri paman Mantri montong bingung, da 'mo aja nu ngopenan, nu tjutjungah kumawani.