Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92

Putjung

1.  Gantjangna teh ieu anu dipitjatur, Sang Ratna Suminar, hanteu lami ladjĕng bae, sudjud kana panto lawang Padjarangan.

2.  Bari njaur nun Gusti artja nu luhung, Sang Purnama Alam, nu ngagĕm sipat djadjaten, ieu abdi wasta pun Ratna Suminar.

3.  Wireh abdi nampi wahju ti nu luhung, gěntra tan katingal, kakuping kalintang djentre, dikědahkeun ngambah dunja kamanusan.

4.  Sanggěm tuduh teangan masing katimu, Pramanik wastana, istri manusa sajaktos, nu geus njangking raraga kasampurnaan.

5.  Marga eta maksad abdi mung nunuhun, nĕda sih piwĕlas, pandunga adjĕngan bae, mugi-mugi wiludjĕng tĕngahing djalan.

6.  Manawina tiasa nja makbul maksud, ka lĕnggah adjěngan, tekad sumudjud migusten, tumut tigin manutan dunja-aherat.

7.  Hanteu lami saĕnggeus Putri piundjuk, ka Mantri ngandika, bari ngalirik ka gedeng, haju paman urang arindit ajeuna.

8.  Mantri Ginggi ka Putri njĕmbah ngawangsul, sim abdi ngiringan, kana kĕrsa naon bae, moal tuna sumudjud sapapaosna.

9.  Hanteu lami Sang Ratna Suminar těrus, tina Padjarangan, angkat ka Karangkaputren, palĕnggahan di guha Karang-panjiksan.

10.  Sanggeus sumping ladjĕng njaur sina kumpul, mantri-mantri guha, nu njangking piagĕm kuntjen, kĕna njĕkĕl kamar-kamar panjiksaan.

11.  Sanggeus kumpul hempak marando tarungkul, Sang Putri ngandika, eh para mantri sakabeh, maksud kula ajeuna rek mere těrang.

12.  Waktu ieu kaula arek lumaku, ngalanglang buana, sawĕngkoning dunja kabeh, pělěsiran rek ihtiar kasirnaan.

13.  Sarerea sabot ku kula dikantun, ulah sambewara, wani nigawe tjampoleh, udar-iděr taledor kana tuguran.

14.  Kaduana di sadjěro kula suwung, poma ulah pisan, boga hate kumawanen, ngarasupkeun nu tatjan idin kaula.

15.  Watĕs ieu sanadjan bangsa tumĕnggung, ngiriman siksaan, ulah wani nampa bae, lamun taja tetesan tanda kaula.

16.  Saha-saha nu wani tangtu dihukum, dipotong beuheungna, ku kaula moal geseh, ngadjalankeun pangadilan rat kadjinan.

17.  Tina sabab kula mirasa kasiku, tjambal pangawasa, sabab lantaran kula teh, karungrungan ku artja-artja tĕnungan.