Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

18.  Ajeuna mah pikir kula nu saestu, nolak ka nu datang, ngirim artja keur parepeh, nadjan Ratu Putiasukma Ambarak.

19.  Ku kaula moal diturut digugu, mun maksa ditahan, dilawan ngadu kasakten, digaradah dilabrak ka nagarana.

20.  Sadajana pramantri raong ngawangsul, pĕrkawis dawuhan, maksad ditumutkeun bae, amung mugi wiludjĕng hibar gamparan.

21.  Saur Putri sabalikna kula estu, muga dibarĕngan, ku dunga mantri sakabeh, supajana salamĕt di panjabaan.

22.  Gana tutup sasauran Ratna Aju, ladjĕng bae djĕngkar, didjadjapkeun ku sakabeh, dongkap kana katja-katja lawang guha.



Sinom


1.  Sang Adjĕng Ratna Suminar, enggalna bae digurit, harita teh ladjĕng djĕngkar, diiring ku Mantri Ginggi, wantu-wantu tĕdak djin, kaluar ti bumi pitu, tjara kilat gantjangna, geus Satja kana wiati, djeung teu pĕtot paningal ka madhab papat.

2.  Ngatjatjang di awang-awang, mun linggih di mega putih, pĕrdjalanan dina topan, nunggang kana kalang kuning, lirik ka katumbiri, ngalantung di kuwung-kuwung, ngadjadjah djihat-djihat, bebendjo nu katingali, liren ngaso ningal bentang raranggeujan.

3.  Linggih dina djomantara, ngalahir ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri kumaha, kula leuwih susah ati, neangan Sang Pramanik, ka mana geusan ngadjugdjug, ku sabab nu nuduhan, teu njĕbut tĕmpatna tjalik, nu djĕnĕngan Pramanik kamanusaan.

4.  Nanjakeun ka saha nanja, nu bakal tĕrang Pramanik, sabab taja kawawuhan, mungguhing kula pribadi, ari teu nanja risi, saumur-umur teu tĕpung, da teu njaho rupane, dipilih moal kapanggih, tina sabab manusa teh leuwih loba.

5.  Mantri Ginggi ngawangsulan, bawi raos djisim abdi, sae gamparan mariksa, ka kĕrĕsa Kangdjĕng Gusti, Ratu Ambarak nagri, manawi andjeunna maphum, wirehing kamanusan, Ratna Suminar ngalahir, atuh njasat kula nanja ka dinja mah.

6.  Lain lampah dĕdĕĕmitan, nanja ka bapa Kaswati, tina sabab tangtu pisan, manehna kageteun ati, kula njusul Pramanik, tĕrkadang boga timburu, jen kula kieu lampah, ingkah ti pusĕring bumi, ngambah-ngambah buana kamanusaan.