Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94

7.  Ku sabab eta tinimbang, diri kula kumawani, nanja ka Putiasukma, leuwih hade mudjasmedi, nĕda kamandang deui, nunuhun ka sipat luhung, nuduhkeun patěmpatan, djeung rupa Dewi Pramanik, madhab mana lamun nagri-nagri mana.

8.  Ajeuna tuturkeun kula, arek sumeuseuh nja diri, napakuran dina bulan, měrih Batara-Batari, ngalap ka Dewa-Dewi, nunuhun ka sipat luhung, muntang ka pra Sangiang, sugan aja sihing diri, nitis wahju waluja makbul pamaksad.

9.  Mantri njĕmbah ngawangsulan, djisim abdi maksad ngiring, mĕnggah ka kĕrsa gamparan, sanadjan dongkap ka pati, ngiringan mudjasmedi, ngadeudeul kana nunuhun, mugi kadar gamparan, laksana kahojong galih, enggal tĕpang kalajan kawiludjěngan.

10.  Tunda Sang Ratna Suminar, nu keur mantĕng mĕrih djati, malikan deui tjarita, Sang Sri Putiasukmadji, di Ambarak nagari, waktu harita geus kumpul, para dipati arya, oganan ti sedjen nagri, sakur ratu anu dibawah parentah.

11.  Sami lĕnggah di pamĕngkang, beres sami dina korsi, Sri Maha Putiasukma, ngadawuh ka pradipati, marga sadaja sami, para bopati tumĕnggung, digingsir kana lĕnggah, wirehing aja pěrkawis, maksad bade mupakat ka sadajana.

12.  Sarta anu djadi pasal, pun anak Njai Kaswati, ĕnggeus boga papatjangan, pangreremo ti leuleutik, geus purun pada djinis, puguh sěpuh pada sěpuh, ngaran Purnama Alam, geus dipatok bakal djadi, anak Ratu Pramajon nagri Riskomar.

13.  Tatapi Ratu Riskomar, ajeuna tjidra ti djangdji, lir lain tata Narpatya, ka bangsa Dipati deui, njieun pĕrkara kulir, tjula-tjulu hanteu patut, ajeuna Si Purnama, bět geus ngabogaan raĎi, dikawinkeun ka awewe anu lian.

14.  Taja bema karamana, sêpi budi anu galib, biasa ka papatjangan, upama parĕng teu djadi, ngabědokeun nu misti, ku tjatur supaja lulus, nu leuleus karasana, tĕgĕsna basa nu manis, nu dipalar teu djadi katugĕnahan.

15.  Ku sabab eta ajeuna, tina leuwih-leuwih njĕri, ku Ratu nagri Riskomar, manawi sadaja sami, rěmpag ieu pěrkawis, sědja menta pabuburung, ka Sang Ratu Riskomar, lain ku barang ku duit, Sang Pramajon patina anu dipenta.

16.  Saupami karĕmpagan, sasih ieu urang indit, budalkeun wadia balad, korojok basmi sakali, Ratu Riskomar nagri, sabab tutur mun teu tumpur, da bongan gana-gana, kumawani tjidra djangdji, ka nu ngaran