Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95

Sri Maha Putiakusuma.

17.  Sri Maha Ratu Ambarak, saparantosda ngalahir, sadaja para dipatya, raong ngawangsulan sami, njĕbat sumĕdja ngiring, ngěrsakeun kana ngarurug, amung hidji dipatya, Sang Sri Maha Raraspedi, nagarana Banuja bawah Ambarak.

18.  Ngawangsul djeung leuwih hurmat, ka Sang Putiasukmadji, nun rai Dalĕm kalintang, ngiring tunggaraning ati, raka Dalĕm wawarti, kagungan kewuhan kalbu, nĕtĕs kaprihatosan, wiwitan Kaseuit galih, ku tjidrana Sang Ratu nagri Riskomar.

19.  Raka Dalĕm sěděng pisan, dumugi ka bĕndu galih; kemutan ku kajaktosan, mĕnggah kirangna pĕrtiti, Sang Riskomar nagari, midaměl laku teu patut, estu sĕdĕngna pisan, dibalĕs dibasmi pati, dikorojok dibědah djĕro nagrina.

20.  Mung rai Dalĕm kemutan, manawi sapuk ing galih, sinarĕngan pangĕrĕsa, raka Dalĕm nu sajakti, jen pĕrkawis migalih, madjĕng kana pĕrang pupuh, nangkěp Ratu Riskomar, mung rai Dalěm pamugi; sewu sewu nja panuhun ulah waka.

21.  Dupi nu djadi margana, rai Dalĕm nu sajakti, sakalintang teu raosna, sapandjang djadi dipati, wungkul bakti upěti, ka salira raka Ratu, estu teu atjan pisan, katur babakti ku pati, madjêng djurit dina tĕngah danalaga.

22.  Dumugi gaduh emutan, hěnteu dipĕrtjantĕn diri, kana njorang pĕpĕrangan, amung Wungkul djuruduit, didaměl djuru kuntji, Sang Putiasukma njaur, naha bĕt kitu manah, kapan tadi ge geus djangdji, sarerea bakal dibawa ku kakang.

23.  Teu milih hidji-hidjina, sakabeh para bopati, rek dikĕrid ka Riskomar, ngawangsul Sang Raraspedi, eta nu djadi margi, rai Dalĕm anu estu, njangking kateu-raosan, ngarurug ka hidji nagri, dirurubung emutan bĕt kadongdora.

24.  Pamaksad rai Dalĕm mah, paněda anu sajakti, nangkĕp Sang Ratu Riskomar, montong direntjangan deui, rai Dalĕm pribadi, klajan taruh katur umur, rai Dalĕm hukuman, saupami hanteu kenging, Sang Pramajon dibandang di danalaga.