atuh barang daratang,
ka Ratu miunjuk,
kabeh lalampahanana,
barang tamat Sang Raja bendu ngagidir,
utusan dicap tarang.
Saurna teh, "Kurang ajar teuing,
Raja Jawa estu bangkawarah,
ka aing make rek nonggong,
sia teh tangtu lebur,
moal mangga pulia,
mo dibere ampun,
nagara sia dibedah,
heg rasakeun engke pamales ti aing,
bonganna wet cucungah."
Tuluy bae maha Tartar Aji,
mepek balad nu tohaga pisan,
pikeun ngagempur Tumapel,
males tugenah Ratu,
tatapina teu kungsi indit,
kapegat ku halangan,
kapegung ku rusuh,
di nagrina huru hara,
ditunggukeun kana sejen deui wanci,
ges jempe kaributan.
Sigeug eta urang balik deui,
nyarioskeun Sang Kartanagara,
ayeuna tatan kasakten,
keur nguruskeun serdadu,
mepek balad wadya perjurit,
katut sapakarangna,
sadia keur pupuh,
sababna arek ngajorag,
ka Sumatra rek naluk-nalukkeun nagri,
Kaca:Babad Majapait.pdf/18
Pidangan
Ieu kaca geus diuji baca
18