Kaca:Dewa Rutji.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72

Lamun ganggu ka manusa, nja di dinja maneh pinanggih pati, tangtu pisan puput umur, djeung maneh kudu njingkah, tuh di ditu matuh di laut nu djauh." Ladjěng eta oraj naga, dialungkeun langkung těbih.

Tjrub di Lawanasagara, laut anu tara kasabadjalmi, si oraj teh dasar palsu, abong tabe'at oraj, gindi pikir bělang bajah teh geus baku, djahat djulig memang tukang, bělik neuteuli maranti.

Sakitu geus disupata, pikirna teh keukeuh bae njungkělit, papadaning puput umur, ku hajang males heula, ka Sri Krěsna atawa ka sipat dulur, paeh ge teu panasaran, lamun enggeus malěs pati.

Urang kotjap deui Bima, nudju ngodjaj ngambah lambak djaladri, salira ngawitan lěsu, parantos meh teu kiat, nadjan mulih deui ge moal kauntup, madjěng mah geus sumawonna, langkung ewěd liwat saking.

Keur kitu wuwuh reuwasna, putjunghul teh oraj ti djěro tjai, tjalawak matana hurung, sungut mani ngabudah, huntuna ge tjarang lantjip