Kaca:Dewa Rutji.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
73

tjara garu, sihung lir doran sapasang, ngandung peurah bangět matih.

Oraj Němburnawa nanja: „Eh satria andjeun nu ngambah tjai, ka mana anu didjugdjug, sarta ti mana asal, arek naon anu matak ngambah laut, pěrnah kumaha ka Krěsna, baraja atawa lain?”

Bima kaget bari bingah, dikintěnna oraj teh moal djail, sarěng ku margi teu umun, oraj bisa njarita, pangintěnna tangtu Dewa bade nulung, Batara nu minda rupa, bade ngadjait balai.

Pok diwaler sahinasna, těrus-těrang hěnteu dipandang-pinding, bari ngaharěp pitulung. rehing teu kiat ngodjaj, nanging oraj kalah seuri bari madju, sarta ngabedjakeun ngaran, djeung asal-usul mimiti.

Těrus pokna: „Sing iatna, nja ajeuna maneh pinanggih pati, baris panganggeusan hirup, ganti Batara Krěsna, rek dipatjok djeung dibeulit mangka rěmuk, eh maneh baraja Krěsna, hajoh sambat nini-aki.”

Bima kaget pok haturna: „Aeh Naga nahaon dosa kami, rek dipatjok teu pupuguh, kami