Kaca:Dewa Rutji.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

reudjeung maneh mah, papanggih ge kakara ieu saumur, djeung deui kami djeung Kresna, misah njawa misah djisim.

Ěnja baraja tea mah, tapi lampah lain-lainna deui, lamun maneh teu rek palsu, djeung boga kira-kira, tangtu moal ka kami daek ngaganggu, djung ka ditu maneh njingkah, ulah ala ulah djail."

Njakakak si Němburnawa: ,,Maneh ulah rek loba omong deui, sakieu ge masih untung, memeh aing naradjang, make daek nanja padahal teu pěrlu, sabab anu biasa mah, matjok teu tata pasini !"

Da puguh ěnja oraj mah, adatna teh palsu liwat ti misti, djalma henteu puguh², teu dosa teu nandasa, kětjok bae dipatjok něpí ka rubuh, malah sok něpi ka hilang, keuna peurah oraj děngki.

Atuh kaharti katjida, lamun djalma kabeh ka oraj idjid, mun manggih oraj diběntur, dikěpung dipaehan, tjilakana mun seug djalma oge palsu, manusa mijuni oraj, matak bahja lahir-batin.