Kaca:Dewa Rutji.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
75

Bima nu suda tanaga, bangět běndu ka nu rek ngarah pati, sanadjan parantos lěsu, nanging sakiat-kiat, dikěmpělkeun tanagana kanggo tarung, Němburnawa geus naradjang, tjai teh ngawiak tarik.

Karěpna rek meulit Bima, nanging Bima rosa babadug tarik, oraj diděngkek ku děngkul, djeung ditjěkek beuheungna, tjai laut njěbrot lir ku gunung bitu, ngabudah djiga ngagolak, dipake rěbutan pati.

Bima měrěkpěk nodjosan, ku kukuna Pantjanaka nu matih, kana beuteung reudjeung punduk, oraj teh munggah ratja, lila-lila tina ku bawaning lěsu, Bima lesot panjěkekna, tina beuheung oraj tadi.

Ngagudibag Němburnawa, bari matjok ka Bima djeung ngabintih, karěpna mah mun kauntup, rek neureuj mangka puas, ngan hadena oraj teh kaburu lěsu, keuna peurah Pantjanaka, djeung raheutna rea teuing.

Oraj naga teh sakarat, mani muntir awakna djěro tjai, tinggudjubar tinggědjěbur, sada tjurug sajuta, Němburnawa geus paeh di tengah laut, djadi wadal Pantjanaka hěnteu bisa menjat deui.