Kaca:Dongeng-dongeng Pieunteungeun.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

79


kan takwa entjit aloes, anggoeun gěmpoengan, noe ngabědah toekang kapoet. Bareng wantji soeroep panonpowe toekang kapoet datang, nganteurkeun takwa geus anggeus dipigawena, toeloej dianggo koe nji mas Raraběroek; meudjeubna pisan taja kakirangannana. Katjida boengahna nji mas Raraběroek. Saoer iboena: ěnggeus, geura njokot doewit bae keur mere oepah ka toekang kapoet, tapi koedoe mawa tjorong, sabab geus rada powek. Nji mas Raraběroek toeloej asoep ka boemi tapi teu ngestikeun woeroek iboena, asoepna teu njandak tjorong, toeloej titadjong kana djodjodog, tisoeksroek kana gěntong minjak, raksoekan anjar lantis koe minjak; iboena njampeurkeun bari njaoer: Tah nja kitoe djalma sok moerang parentah, kitoe kadjadiannana! Isoekan rek gěmpoengan, ari maneh make badjoe geus boeroek, lamoen tatjan něpi ka oesoem lěbaran deui moal wara dipangnjieunkeun deui badjoe takwa! Ramana asoep ka boemi ngawoeroek kijeu saoerna: Djalma goreng rěsép loemakoe di noe powek, njingkahan anoe tjaäng, wawawoehan djeung noe bodo, nganggangan ka noe pintěr, eta tangtoe bakal njaho di kaboektiannana. Hartina dongeng ijeu: boedak bangor, noe tara ngagoegoe ka papatah kolot, kadjadiannana mangke kårasa koe manehna, geus boekti manggih tiwas atawa kawirangan.

Hartina dogeng ijeu: boedak bangor, noe tara ngagoegoe ka papatah kolot, kadjadianna mangke karasa koe manehna, geus boekti manggih tiwas atawa kawirangan.


97.

DJAS.


Keur mangsa aja pěrang gěde loba sěrdadoe arasoep ka pilemboeran, marentah ditoedoehkeun djalan. Dina eta lēmboer aja hidji somah miskin, dititah noedoehkeun djalan. Keur waktoe harita pareng tiris katjida, sarta anginna ngagělěboeg, noe miskin teh ngindjeum djas noe kanděl