Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49

pisan, djadi Isnen soesoempitna teu beubeunangan. Tidinja toeloej bae manehna mapaj toeroet-toeroet sawah piboewateun.

Katjaritakeun noe boga sawah bidjil ti saoengna, sědjana rek nejang anoe diboewat, manggih tapak djělěma dina pare piboewateun. Toeloej bae koe manehna disoesoel, děmi djalanna noetoerkeun tapak teja bae. Teu koengsi lila Isnen kasoesoel, toeloej ditjarekan, bari dibawa balik ka bapana sarta dibedjakeun.

Tjek bapana: „Naha sija mana matak njoesahkeun teuing ka aing. Geura tendjo di kěbon, tatangkalan lěboer daoenna diharakanan hileud, sabab taja manoek noe sok ngahakanan, da sok disoempitan teuing koe sija. Djeung aing wirang, sabab aja noe ngělakkeun, jen sija sok ngaroeksak pare ari soesoempit.”

„Tjoba ajeuna rasa aing, maneh leuwih hade njoempitan laoek di balong atawa njoempitan mamanoekan djeung batoer maneh, tjara noe papanahan.”

Si Isnen noeroetkeun omong bapana, sarta lila-lila manoek-manoek teh daratang deui ka kebon bapana, djeung tatangkalanana toeloej baroewahan deui laleubeut pisan.


XXVII. BADAK.

Si Kasim njampeur ka Si Ardjan bari ngomong: „Ardjan, hajoe oerang oelin di těgal!”

Tjek Si Ardjan: „Ah ěmboeng ajeuna mah, tjape keneh, da dewek kamari koe bapa djeung djoeragan Wadana dibawa moro badak di Talagabodas.”

4