Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

Tjek Kasim: Ari kitoe mah, batan oelin anggoer tjatjarita.”

Mimitina Si Ardjan njaritakeun lalampahan kamari teja, geus kitoe noeloejkeun, kijeu pokna:

„Badak teja sato noe panggěde-gědena di oerang. Pandjangna tina bangoes něpi kana boentoet 8 něpi ka 10 kaki, djeung boentoetna 2 kaki. Hoeloena gěde sarta pandjang; soengoetna leutik djeung lijang iroengna gěde. Ari tjeulina leutik, henteu nimbangan kana awakna. Matana oge leutik, deukeut pisan kana tarangna.

Ari badak henteu boga tandoek sapěrti moending tapi tjoelaän. Eta tjoela ajana loehoereun iroengna, pandjangna něpi ka 2 kaki sarta tjěntik ka toekang. Tandoek moending pageuh, djadi hidji djeung toelang hoeloe; ari tjoela badak mah henteu kitoe, pageuhna ngan koe koelit hoeloe bae. Sawareh badak aja oge noe boga doewa tjoela, ngadjadjar ka loehoer. Noe ti handap kalampahna sok leuwih pandjang tibatan noe ti loehoer. Ari badak di tanah Djawa tjoelana ngan hidji bae; anoe boga doewa tjoela ajana di poelo Pěrtja, di běnoewa Asia djeung Aprika. Sawareh djalma ngira, tjoela badak aja gawena pikeun ngoebaran sagala kasakit. Kitoe deui lamoen aja tjai noe tjampoer djeung baroewang, diantjloman tjoela badak, baroewangna sok moedal misah djeung tjai, tapi saĕnjana henteu kitoe. Biwirna noe ti loehoer tjěpak sarta leuwih pandjang tibatan noe ti handap. Gawena sapěrti toelale deui, paranti ngarawel naon-naon noe rek dihakan. Tonggongna legok sapěrti sela djeung aja koelit gěgěblegan ngagantoeng saperti sabrak. Soekoena pondok sarta gěde djeung boentoetna djeber sapěrti pangarih. Beuteungna kanděl sarta boerajoet.