Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

Dina hidji mangsa Si Djoemin ngangon domba djeung batoer-batoerna. Ari di antara eta boedak aja hidji anak tatanggana, ngaranna Si Kampeng, kataradjang gěring moerijang. Koe sabab panas-tiris, manehna ngěděng handapeun tangkal waroe sarta gegěroan ka batoerna, menta pangnjijoekkeun tjai, hajangeun nginoem. Ari batoerna, djeung daraek mah, anggoer beuki djaraoeh ngagiringkeun dombana.

Katjarioskeun Si Djoemin mah henteu kitoe; manehna katjida pisan karoenjaeunana sarta toeloej njijoek tjai ti soesoekan, make daoen waroe sarta diinoemkeun. Geus kitoe Si Djoemin ngala papagan waroe, dibeungkeutkeun kana tarangka Si Kampeng.

Barang srengenge geus soeroep sarta meudjeuhna balik, Si Djoemin soesaheun katjida, sabab Si Kampeng ngěděng keneh bae, taja taksiran bisa balik. Toeloej bae digandong koe Si Djoemin, bari ngagiringkeun dombana.

Ari datang ka imah Si Kampeng, indoeng bapana tarimaeun pisan, sarta Si Djoemin dibere anak domba hidji.

Děmi isoekna deui Si Djoemin ka leuweung, sědjana rek ngala soeloeh baris djoewaleun ka dajeuh. Barang něpi, manehna manggih doewa paninggaran djeung pandakawanana, keur areureun handapeun kai anoe ijoeh. Teu lila eta djalma teh maradjoe deui běbědil.

Koe tina panas djeung tjape, Si Djoemin eureun dina handapeun kai oeroet paninggaran teja. Barang ngalijeuk ka gigireunana, beh manehna manggih loket dieusi doewit ringgit djeung roepijah. Tina běrěsih atina geuwat manehna njoesoel paninggaran teja, sědjana rek njanggakeun eta loket reudjeung eusina.