Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61

matak karoenja pisan, ditengah djalan eta anak domba papapag djeung adjag. Pikirna anak domba teh, nja ajeuna bakal manggih balai, sabab taja pětana bisa ngědjat.

Anak domba tjoengas-tjingeus, nejangan akal. Kapareng barang anak domba ngareret ka sisi djalan, aja soeling toekang ngangon domba katinggaleun, toeloej bae koe anak domba teh dipake akal, soepaja kaloewar tina balai.

Adjag beuki ngadeukeutan bae, sarta soengoetna tjalawak. Atoeh anak domba teh geus teu kira-kira ngadegdegna.

Tjek anak domba: „Adjag, sampean tangtoe rek ngahakan ka kaoela, nja!” Wangsoel adjag: „Geus, montong diomongkeun deui.”

Omong anak domba: „Bo adjag, kaoela tangtoe paeh, tapi samemeh paeh teh kaoela aja pamenta heula.”

„Naon!” tjek adjag bari ngamběk.

Tjek anak domba: „Eh, kaoela teh resep pisan ngadengekeun sora tandji, soemawonna sora soeling. Lamoen kaoela geus ngadenge sora soeling mah, mangga bae rek dikijeu-kijeu oge.”

„Ngan sakitoe bae pamenta maneh teh, euweuh deui ?" tjek adjag teh. Heg koe kami rek dipangnjoelingkeun heula.”

Tidinja adjag toeloej njokot soeling, pek ditijoep, sorana kadenge ka mana-mana.

Barang andjing-andjing toekang ngangon ngadenge sora soeling, toeloej maroeroe noetoerkeun datangna sora, maroekanana doenoenganana njaloekan ka maranehna.

Adjag ngeunah-ngeunah bae njoeling; teu kanjahoan