Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
106

Katjida keuheulna sarerea ge, ngadenge si Oemar soesoembar kitoe, malah aja saoerang noe ngomong kieu: „Lain pintěr eta mah, kaběněran bae, keuna soteh. Tiloe kali měntang, sakali keuna bae mah teu aneh.”

Ditambahan koe si Djoemad: „Enja meureun, rasana mah pangpintěrna, dasarboedak poepoedjieun.”

Harita teh aki mah tjitjing bae, bari mikiran piakaleun, sangkan si Oemar oelah poepoedjieun teuing. Sanggeus repeh batoer-batoer, kakara aki ngomong: „Enggeus ah, oelah ngaramběk, da ěnja geuning si Oemar mah djamparingna keuna kana poeseur. Pěrtjaja dewek mah, jen ěnja pintěr, si Oemar teh. Ajeuna oerang boektikeun deui. Si Oemar koedoe měntang lima kali, sarta oenggal-oenggal měntang koedoe keuna kana poeseur.”

„Moal bisa!” tjek si Djoemad, „pek tarohan!”

„Bisa !” tjek aki, „moal boeroeng bisa Oemar mah. nja Mar?”

„Poegoeh bae,” tjek si Oemar, „naon hesena?”

Gěr baroedak sareuri deui, sarta aja noe ngomong kieu: „Gampang ngomong mah. Moal bisa lima kali měntang, noron keuna kana poeseur.”

„Oelah ngahampas,” tjek aki, „geura tarendjokeun bae. Engke oge kaboektian, jen hěnteu kalah ka omong, Oemar mah. Moen teu bisa noron lima kali keuna kana poeseur, lain lalaki, djeung panahna koedoe dibikeun ka Tabrani. Hajoh geura saraksian!”

Si Oemar ditanja heula koe aki: „Sanggoep Oemar? Lamoen sanggoep, pek lampahkeun. Tapi lamoen teu kadjadian, panah silaing dirampas koe dewek, rek dibikeun ka Tabrani.”

Walon si Oemar: „Moal ěnja henteu sanggoep Panahna ge pek bae didjieun taroh. Ngan ieu djamparingna geus barengkok. Dewek rek neangan heula djamparing noe araloes. Lamoen geus aja, hajoe oerang papanahan deui. Tjarek wiwilanganana, ti peuting ge dewek mah moal moendoer.”