Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
107

 Diwalon deui koe aki: ,,Djamparing dewek araloes keneh, da kabeh ge anjar keneh. Pek bae rek dipake mah."

 Si Oemar hĕnteu ngadjawab, gawena teh balaham-belehem bae, malah nĕpi ka samar tjabak, barang manehna diseungseurikeun koe si Djoemad djeung Tabrani, bari pokna: ,,Teu sanggoep mah teu sanggoep bae, tong loba ekol."

 Tjek noe saoerang: ,,Atoeh da djengkol, noe aja oesoemna soteh, ekol mah taja oesoemna."

 Pok aki ngomong deui: ,,Ngawiwirang, si Djoemad djeung Tabrani mah. Lamoen Oemar teu wani mĕntang, ngaranna ngeok memeh dipatjok. Djeung oepama teu wani teh, lain lalaki."

 Si Oemar panas hatena, toeloej bae sila andĕkak. Djamparingna dibatĕkan, padahal kabeh ge lĕmpĕng, taja noe bengkok. Geus kitoe kakara mĕntang. Bari mĕntang pikirna ka mana-mana, atoeh djamparingna oge bĕlĕsoer deuibĕlĕsoer deui, taja noe keuna. Aja anoe ka kentjaeun, aja anoe ka katoehoeeun lesan. Ngan anoe kalimana diketjengna ĕnja-ĕnja, bari ngagiligkeun pikir, hajang keuna.

 ,,Tjĕplok," djamparingna keuna kana kalang angka, opat.

 Gĕr baroedak sareuri, malah aja noe djidjingklak, bawaning soeka.

 Aki njampeurkeun ka Oemar bari api-api karoenja. Kieu tjek aki: ,,Handjakal nja Mar. Tapi teu soesah Oemar mah, menta deui bae panah ka bapa, moal boeroeng dipangmeulikeun. Ieu mah sial panah teh, geus milik Tabrani meureun."

 Kawasna mah, manehna teh ngarasa era, komo atoeh da teu wĕleh diera-era koe baroedak. Sanggeus panahna dibikeun ka Tabrani, mengpeos manehna balik. Tabrari bae anoe oentoeng mah.