Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108

Ti harita si Oemar aja meueusan, hěnteu poepoedjie un teuing. Ari papanggih djeung aki atawa djeung babatoeran, radjeun oge manehna ngamimitian rek agoel-agoel, sok tara kěbat, da kaboeroe diingětan: „Naha silaing geus poho basa papanahan tea?”

27. Pada meunang sapěrtiloena.


Kotjapkeun djaman baheula di nagara Barbari aja djělěma sakoerěn, imah-imah katoet anakna doeaan. Maranehna katjida sangsarana, imahna ge leutik djeung boetoet. Babakoena noe matak kitoe, lantaran lalakina djompo, geus lila teu bisaeun oesaha geusan njiar sandang-pangan. Njatoe sore teu isoek teh lain babasan, malah radjeun sababaraha poë maranehna teu barangdahar.

Tina kitoena, beuki lila lalakina beuki teu aja tanaga, toengtoengna něpi ka adjal. Sanggeus maot salakina, awewena tambah-tambah prihatinna, kapaksa koedoe oesaha sabisa-bisa, sangkan manehna katoet anak-anakna oelah něpi ka langlajeuseun. Anakna anoe lalaki, si Karim, sok ngabantoe ka indoengna, tapi tatjan bisa nalang mah, da manehna tatjan sawawa, oemoerna kakara opat wělas taoen.

Oepana nendjo indoengna sěmoe noe soesah, komo lamoen nendjo adina awewe tjeurik hajangeun dahar, si Karim teh sok ngarasa nalangsa pisan, malah dina hidji poë, waktoe indoengna ngaringkoek, boga kanjěri, pok si Karim teh ngomong ka indoengna: „Koering rek ka leuweung, ěma, rek ngala soeloeh. Ari geus meunang soeloehna, toeloej ka dajeuh. Engke tina ladang soeloeh rek meuli beas atawa kadaharan.”

Walon indoengna: „Ongkoh djaoeh leuweung teh, oedjang. Koemaha kira-kirana, moal tjape?”