Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109

 Tjek si Karim: „Ah moal, soegan, rek ditjoba-tjoba bae.”

 Sanggeus kitoe, si Karim indit ka pawon, njokot bĕdog djeung njokot tali, sarta toeloej indit ka leuweung.

 Leumpangna teu eureun-eureun, atoeh teu sabaraha lilana geus nĕpi bae ka sisi leuweung. Koe sabab ngarasa tjape manehna teu oedjoeg-oedjoeg digawe, neangan heula tĕmpat keur ngaso. Kabĕnĕran aja tangkal kai gĕde, daoenna gomplok, di handapna ioeh djeung lenang. Toeloej manehna ka dinja, njarande kana eta tangkal kai, karasana ngeunaheun pisan, tĕmpatna bĕrsih djeung angin ngahiliwir. Sabot kitoe, manehna teh panganggoeran, leungeun kentjana soesoer-sasar kana taneuh. Ari pek teh wĕt aja noe ngagindjĕl teuas-teuas, diilikan sihoreng ali, noe ngagindjĕl teh. Eta ali koe manehna dihantĕm diilik-ilik, tetela watangna ĕmas, matana intĕn.

 Si Karim ngomong sadjĕroning hate, pokna: „Ali mahal ieuh. Koemaha noe matak aja di dieu? Lamoen koe aing didjoeal, toeloej doeitna dibikeun ka indoeng aing, tada teuing atoheunana, sabab ladang ieu ali tjoekoep pikeun meuli beas djeung sagala kapĕrloean. Komo lamoen digolangkeun, indoeng aing geus teu koedoe balangsiar ka mana-mana. Aing tiloean moal nĕpi ka koerang dahar.”

 Karim tĕroes lalamoenan, roepa-roepa tjita-tjitana, lamoen manehna geus boga doeit loba, ladang ali. Kana niat noe tadi