Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110

mah, nja eta rek ngala soeloeh tea, lat bae poho. Djol deui pikiran sedjen. Eta ali moal waka didjoeal koe manehna, soepaja indoengna ngilikan heula, da ĕngke ge koe indoengna tangtoe didjoeal. Ras manehna ka adina, nĕpi ka imoet sorangan, asa geus prak nendjo adi ngaleuseuhan badjoe djeung samping, beunang mangmeulikeun indoengna, tina ladang ali tea.

Tjindĕkna mah si Karim teh teu toeloes ngalana soeloeh, toeloej bae gagantjangan balik deui ka imahna. Ali timoe ditjĕtjĕkĕl, diasoepkeun djeung leungeunna kana sakoe, bawaning sieun leungit.

Barang datang ka imahna, kakara nĕpi ka boeroean ge, gantjang si Karim ditanja koe indoengna, pokna: „Naha geuning geus datang deui? Hĕnteu toeloes ngala soeloeh teh? Atawa teu aja soeloehna di leuweung?“

Walonna: „Teu toeloes ngala soeloeh teh, ĕma. Kaboeroe nimoe noe kieu!” Ngomongna teh sĕmoe noe boengah katjida, bari ngasongkeun ali tea ka indoengna. Koe indoengna ditampanan. Pek ali teh diilik-ilik bari sĕmoe anoe heran, omongna: „Ali timoe ieu teh?”

Walon si Karim „Soemoehoen.”

Indoengna: „Timoe ti mana?”

Si Karim: „Ti handapeun tangkal kai.” Barabat koe manehna ditjaritakeun, jen sadatangna ka leuweung, manehna ngarasa tjape, toeloej ngaso handapeun tangkal kai, tĕmpat nimoe eta ali. Lalamoenanana oge ditjaritakeun, noe matak manehna teu toeloes ngala soeloeh teh, nja eta hajang geura mikeun ali.

Sanggeus tamat si Karim njaritana, pok indoengna ngomong deui: „Ieu ali katjida pisan aloesna. Hĕnteu loba ali noe matana intĕn sagĕde kieu. Noe bogana oepama lain pangagoeng, tangtoe noe beunghar. Tapi ĕma teu wĕleh heran, koemaha noe matak ieu ali aja di handapeun tangkal kai.”

Si Karim: „Doeka atoeh, koering ge hĕnteu ngarti.”