Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Goegoeritan pipilis istri goegoegah babar.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

IV. Saben ningal haté raos resmi,
ketir kelar tjampoer reudjeung soeka,
srangéngé toenggang goenoeng,
raatna hoedjan asar ahir,
kasoempegan téh moesna,
hampang ngemplong kalboe,
waas roes-ras lega tingal,
kalebetan koe pangemat élmoe demit,
kapintjoet raga soekma.
V. Henteu bénten panarikna istri,
anu anjar goegah ngowo téa,
geugeut honeng si tjarogé,
loemah-laméhna lemoe,
tjumantél sami katoembiri,
koe lajoeng kahibaran,
asal liwoeng woedjoeng,
andjeun djadi boengangang,
ginandjaran slamet rabi rawoeh baji,
timboel soeka noe aja,
VI. Soemelangna goemeterna pikir,
éling ka noe boga kakandoengan,
asal soempeg beurat haté,
neneda ka Jang Agoeng,
teu petot petot siang wengi,
diparin énggal medal,
dikaboelkeun maksoed,
sami sareng hoedjan téa,
sabadana méga méngléd langit bersih,
halégar titingalan,
VII. Awang-awang dipamikeun istri,
hoedjanna minangka bobot téa,
raatna lastari salsé,
brajna kasoekan kalboe,
hibarna lajung tjaangna pikir,
katoembiri panghias,
papaés pangiroet,
nambahan sari kasmaran,
panarikna ka ati woewoeh birahi,
landong pipilis téa.

__________


GOEGOERITAN PARANTI NJAWÉR.


Asmarandana.

  1. Sim koering njoehoenkeun widi,
    ka sadaja nu majoenan,
    badé njelang heula njawér,
    saméméh ngersakeun toeang,
    metakeun karasmian,
    galib talari karoehoen,
    toeroenan ti Nabi Adam.
  2. Metik galina nu alim,
    noelad pitoeah pandita,
    didamel Soendana baé,
    poegoeh poeloenganeunana,
    mangga kanggo lumajan,
    aja noe resep ngadangoe,
    tah kieu ieu oenggelna.

  3. Kinanti.

  4. Poen sampoen ka Sang Roemoehoen,
    ka Batara ka Batari,
    ka Batara Naga Radja,
    kasadaja para pohatji,
    ka Goeroe Ratoe sadaja,
    noe tjalik djadi tjandoli.
  5. Kaoelanoen amit ampoen,
    ka anioe kagoengan boemi,
    tobat kapara djoeragan,
    anoe sami pada soemping,
    noe lenggah di papadjangan,
    toea anom djaler istri.
  6. Répéh sadaja noe koempoel,
    noe njawér kaloeli-loeli,
    njawér moerangkalih soenat,
    noeroetan djaman bihari,
    lampah sepoeh baheula,
    njoehoenkeun salamet diri.
  7. Mentas ngaloeloeskeun lakoe,
    parantos ngabrangbrangkeun galih,
    moenjoeng ka iboe ka rama,
    ka nini sareng ka aki,
    ka bibi sareng ka paman,
    koe doeméh nembéan soemping.
26