Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djeung atoeranana oeroet Kota Inten téa, kawasna taja lian ngan tempatna baé koedoe ditjatjar heula, dibabad dibersihan sina lénang. Tapi ari sahidji-hidjieun mah tilas Soeltan téh nja aja kénéh baé, anoe beunang disorang hésé-hésé ogé, nja eta saperti kamar di djero taneuh (goeha) „penjepén” ngaranna, tempat Kangdjeng Soeltan samedi. Ti karaton aja torowongan, djalan (liang) di djero taneuh anoe djolna ka „Larah dénoh” gedong pendem, tempat njimpen radja barana, anoe di djerona aja djoeroes toegoerna, nja éta oraj, parabna endog geus biasa. Ari djoeroe koentjina (tjandolina) hidji awéwé gemejek pendék gedé ngaranna katelah „Larah dénoh”, anoe matak éta gedong pendemna téa ogé kitoe ngaranna, ngala ka noe toenggoena téa. Éta kamar legana k. l. 15 M², aja kénéh oeroet-oeroetna, tapi lamoen téu aja toedoeh djalan mah anoe nerangkeun, moal njangka oeroet radja brana, sabab koe saliwat mah siga pisan oeroet dapoer. Ieu ogé gedong pendem teh, ajana di tengah-tengah noe bala deui.

Ti djero gedong pendem téa aja pangparatanana kawasna oeroet lawang paragi bidjil bras ka hodji goeha anoe kelewoeng gonggona aja 5-6 M. pinoeh koe akar tjaringin anoe geus kahot naker. Tembok noe sakoeloneun ieu goeha tétéla rada beh dieu didjieunna, goenana keur mipindingan goeha téa. Ieu goeha ajana di kampoeng Banten sakoelon-kaléreun „Kaibon”, kira-kira aja 20 M. anggangna ti djalan anoe ka Banten.

Kawasna éta goeha torowongan téh henteu boentoe, malah disarangka parat ka Kaibon, sarta ti dinja aja deui teroesanana ngoelon, bras ka deukeut pal 6 sisi djalan anoe ti Sérang ka Banten téa, ngaliwat solokan. (Ieu solokan kawasna dikalina sanggeus aja torowongan téa). Ti dieu torowongan teh méngkol ngidoel nepi ka kampoeng Koja.

Di Koja aja oeroet lawang sakéténg. „Pintoe Gapoera” ngaranna. Lamoen oerang asoep ka éta lemboer madjoe ngoelon, sanggeus ngaliwat koebang kawas rantja, tjai ngembeng teu djero, engké ningal témbok doea goendoek oeroet torowongan ka djero taneuh téa. Témbokna anoe di sisi solokan (ajeuna mah geus lain solokan, waloengan baé) neundeut, geus teu katingal, kawasna nja éta djalan anoe njamboongkeun Kaibon djeung Koja téh.

Di sapeuntaseunana mah tilas-tilasna éta djalan torowongan téh, tétéla kénéh naker.

Karaton Kota Inten téa, sanadjan dipiwarang diroeksakna koe toean Daendels ti taoen 1808 kénéh, tapi ari moesnana pisan mah dina taoen 1832, kitoe ogé seuseut-seuat.

Atoeh da teu gampang ngabasmi éta mah oeroet karaton Soeltan téh, kawantoe diaranggapna koe djelema-djelema oerang dinja, éta mah Kota Inten téh, karamat. Noemoetkeun karangan toean Brumund djeung toean van der Velde mah, bisa sotéh roeksak, maké diparantjahan heula nanaon koe Hadji-hadji sababaraha oerang.

Noeroetieun tjarita-tjarita oerang dinja anoe tepi ka ajeuna sok djaradi omong, Soeltan Ageng téh tangtoe kagoengan deui gedong pendem anoe dieusi doeit, atawa radja barana anoe sédjén, anoe teu kapanggih tempatna, boektina tjeuk tjarita oerang dinja mindeng pisan aja toekang ngala laoek, boh anoe lintar boh noe ngetjrik, sok mareunang doeit, gebléngan pérak atawa emas kabawa koe heurapna, kawasna ajana éta goedang oeang di deukeut sisi Tjibanten, sarta lila-lila kasosok koe tjai, eusina kapalidkeun.

Sakoeloneun aloen-aloen aja solokan leutik, di dinja aja kénéh oeroet djambatanana témbok, baheulana mah oeroet sasak djoengdjoeng (sasak anoe beunang didjoengdjoengkeun). „Djambatan ranté” ngarana, anoe djalanna bras ka bénténg Speelwijk. Éta solokan baheulana mah woeloengan, roebakna k. l. 20 M., sarta djadi palaboeanana parahoe-parahoe (kapal) dagang, tapi ari ajeuna mah geus saeur, roebakna ogé kari 8 M. deui mah.

Aja samboenganena.



25